Nadhoman


Nadom atau Nadhom merupakan karya sastra tradisi turun temurun dalam budaya sunda. Nadom berupa puisi isinya pupujian, do’a kepada Tuhan, sholawat nabi, nasehat kepada umat islam, atau pengajaran tentang keagamaan. Nadom sering dilantunkan di masjid-masjid, pesantren, seperti dalam menunggu waktu shalat berjamaah, pembukaan atau penutup dalam acara pengajian.

Banyak Nadhom yang beredar di masyarakat tanpa diketahui siapa penulisnya. Siapa pun penulisnya dan yang menyebarkannya juga yang melestarikannya semoga mendapatkan rahmat dan pertolongan Allah di dunia dan akhiratnya. Dan jika beliau telah berpulang padaNya, semoga mendapatkan tempat terbaik disisiNya. Semoga Nadhom-nadhom ini menjadi ilmu yang bermanfaat umumnya bagi kita semua yang masih hidup dan khususnya bagi yang menciptkan semua Nadhoman yang telah mendahului kita berpulang padaNya. Aamiin.

Di bawah ini contoh Nadom yang beredar di masyarakat yang mungkin sudah jarang terdengar di tahun 2020 ini, semoga masih bisa dilestarikan dan tetap jadi tradisi turun temurun.


Daftar Isi: (Klik dina judulna)
  1. Nadom Eling-Eling Dulur Kabeh dan Terjemahannya
  2. Nadom Wasiat Nabi Ibrahim dan Terjemahannya
  3. Nadom Taun Hijrah Katiluna dan Terjemahannya
  4. Nadom Kacaturkeun Rasulullah dan Terjemahannya
  5. Nadom He Hayuba dan Terjemahannya
  6. Nadom Aduh Gusti Dosa Abdi dan Terjemahannya
  7. Nadom Nurul Hikmah - RH Hidayat Suryalaga
  8. Nadom  Isro Jeung Mi'raj dan Terjemahannya
  9. Nadom Dina Taun Hijriah dan Terjemahannya
  10. Nadom Sunda Akhlak dan Terjemahannya
  11. Lirik Nadhom Pupujian Sunda Ahli Kubur Ulah Dipohokeun
  12. Lirik Syiir Tanpo Waton Sunda dan Terjemahannya
  13. Lirik Nadoman Pupujian Sunda Hudang ti Kubur dan Terjemahannya
  14. Lirik Nadoman Sunda Tauhid - Aqoid 50 - Pupujian Sunda Zaman Dulu
  15. Lirik Nadom Allah Anu Maha Akbar dan Terjemahannya
  16. Lirik Nadhoman Ahlaq dan Terjemahannya
  17. Lirik Nadhom Kaimanan dan Terjemahannya
  18. Lirik He Dat Anu Hirup dan Terjemahannya
  19. Lirik Nadom Solawat Sunda dan Terjemahannya
  20. Lirik Nadhoman Hayu Geura Saradia Lengkap dan Terjemahannya
  21. Lirik Nadhoman Anak Adam dan Terjemahannya
  22. Nadhom Pupujian Sunda Hayu Batur dan Terjemahannya
  23. Nadhom Pupujian Sunda Kahirupan dan Terjemahannya
  24. Nadom Pupujian sunda Loba Eling dan Terjemahannya
  25. Nadom Kaum Muslimin, Sunda dan Terjemahannya
  26. Nadhoman Tauhid, Sunda dan Terjemahannya
  27. Nadhom Sakabeh Dulur - Dulur, Sunda dan Terjemahannya
  28. Nadhom Puisi Pupujian Sunda "Ki Mayit" dan Terjemahannya
  29. Nadom Puisi Pupujian Sunda "Tauhid" dan Terjemahannya
  30. Nadhom Pupujian Sunda "Poe Qiyamah" dan Terjemahannya
  31. Nadom Pupujian Sunda "Pepeling" dan Terjemahannya
  32. Nadom Dawuhan Allohu Somad dan Terjemahannya
  33. Nadom Doa dan Terjemahannya
  34. Nadom Mantaroka dan Terjemahannya
  35. Nadom Hirup Di Jaman Ayeuna dan Terjemahannya
  36. Nadom Solawat Nabi dan Terjemahannya
  37. Nadom Mun Urang Boga Rumasa dan Terjemahannya
  38. Nadom Syair Kubur dan Terjemahannya





Contoh Nadom anu sanesna...


TOBAT

Ilaahii lastu lil firdausi ahlaa
wa laa aqwaa ‘alaa naaril jahiimi
Fa hablii taubatan waghfir zunuubii
fa innaka ghaafirudzdzambil ‘azhiimi

Aduh Gusti abdi sanés ahli surga
Tapi henteu kiat nandangan naraka
Dosa abdi sapertos keusik seueurna
Mugi Gusti kersa ngahapunten sadayana

Ari Gusti éta anu ngahampura
Kana dosa-dosa abdi sadayana
Dosa ageung sareng dosa nu alitna
Mugi Gusti ngahapunten sadayana
---

PEPELING

Bismilah abdi ngawitan
macakeun ieu nadoman
mugi janten kasaéan
ulah janten kaawonan

Maksadna ieu nadoman
ngemula kanu lalieun
hapunten ka nu can terang
abdi seja ngawartosan

Éling-éling para istri
masing nyaah kana diri
tutup orat mah sing buni
éta téh paréntah gusti

Katerangan tina qur’an
nutup orat kawajiban
pikeun istri anu islam
pameget gé teu kasingsal

Oratna kapara istri
sadaya badan tutupan
dampal panangan jeung raray
éta mah wios katinggal

Upami nganggo raksukan
kaéna sing serba lébar
teu kengeng ngapas keun badan
éta paréntah pangeran

Ayeuna tos akhir zaman
seueur istri kaleuwihan
nutup badan suka kahayang
nganggo acuk dapon nyangsang

Istri dijaman kiwari
niru-niru ka lalaki
nganggo acuk mani nyéksi
narik birahi lalaki

Teu saalit para santri
kabawa masa kiwari
kana aturan parantos lali
nutup orat henteu buni

Taya hukum nu miwarang
nutup orat sakahayang
nganggo calana paspasan
orat kapéndékan

Lamun pareng nganggo tudung
ngan ukur jadi hiasan
lamun pareng nganggo tudung
pedah rék pangaosan

Sing hawatos kana badan
sing émut kana ancaman
jahanam téh tos ngantosan
mun uran tos di maotan
---

AHLI SUNAH

Kangjeng nabi tos nerangkeun
dina hadits tos nerangkeun
umat islam akhir zaman
janten 73 golongan

Ari anu 72
ku alloh jeung ku rosulna
teu di aku teu ditarima
da bongan salah tekadna

Ari anu diakuna
ku alloh jeung ku rosulna
hiji agama nu mulya
sunah waljam’ah namina

Ari sunah waljama’ah
cicingna teu saga wayah
najan islam teu ngaku kabéh
islam jama’ah tetep misah

Ciri islam waljama’ah
aqidahna henteu goyah
najan godaan manglimpah
batan nurut kajeun payah
---

UMAT ISLAM

Umat islam ahir zaman
seueur anu kasasaran
ucap lampah patékadan
seueur pisan pamusyrikan

Musyrik kufur pamurtadan
tos jadi kabiasaan
teu iyeuh jadi pikiran
matak ruksak kana iman

Syahadat sok di ucapkeun
sholat ogé dilakukeun
majarkeun téh cukup iman jeung ngaku ka islaman

Najan laku teu napakan
kana aturan pangéran
teu gaduh rasa nyalahan
éta téh pangajak setan

Ari ngaku umat islam
ari lampah siga sétan
mabok zinah perjudian
anu jadi pisdamelan

Seueur ulama diancam
pedah ngajak lebet islam
da kuring mah enggeus iman da cukup islam turunan

Ulama dipika ngéwa nerangkeun aturan hakna
ngajak sholat jeung zakatna
majar bosen ngadengena

Seueur ajengan nerangkeun
kana hukum ti pangeran
seueur anu ngabalieur
bongan jauh jeung kahayang

Seueur ucap pagawéan
teu sesuai jeung aturan
jiga hadé sareng iman
padahal mah kasasaran

Kana sholat ngahir-ngahir
majar pameng pidamelan
nyiar dunya séséépan
sholatna rék di qodoan

Seeur paréntah pangeran
anu kedah dilakonan
kalakah seueur alasan
majarkeun téh karepotan

Éling-eling umat islam
sing éling kana aturan paréntah alloh lakonan
paréntah setan singkahan

Mun hirup hoyong salamet
iman urang mah sing kuat
perintah alloh sing taat
sanajan karaosna berat

Al-qur’an tong dijauhan hadits ulah disisihkeun
ayatna jadi bacaan
maknana geura lenyepan

Hayu dulur urang tobat
meumpeung urang masih sempat
ibadah urang sing ningkat
meungpeung tacan kena maot
---

Nadoman Shalawat Nabi Bahasa Sunda

Allahumma Shalli wa sallim ‘ala
Sayyidinaa wa maulanaa muhammad
‘adadama fi ‘ilmillahi shalatan
Da imatan bidawami mulkillahi

Mugi Allah Kersa Maparinan Rahmat
Sareng salam kanjeng Nabi Muhammad
Ka kulawargi sareng para sahabat
Sareng kanu anut ka Nabi Muhammad

Mugi Allah maparinan kabagjaan
Kanjeng Nabi Muhammad rosul pilihan
Salamina aya dina kasalametan
Aya dina panangtayungan pangeran

Kanjeng Nabi Muhammad nu ngagaduhan
Akhlaq budi keperti nu saé pisan
Sifat Nabi tawado teu kumagungan
Ka papada jalmi salmina sopan

Kanjeng Nabi Muhammad henteu takabur
Sumawona adigung jeung kumaluhur
Teu marasa dirina lebih ti batur
Najan Anjeuna pangkat nabi jeung rosul

Urang sadaya sing tiasa nurutan
Kana Akhlaq Nabi Muhammad Jungjunan
Anu saé basa saé kalakuan
Nabi anu bijaksana tur budiman

Mugi kanjeng Nabi maparin syapaat
Ka urang sadaya di poé kiamat
Mugi urang sadaya di aku umat
Janten golongan umat Nabi Muhammad
---

Babawaan ka Jéro Kubur

Anu ngucur ka alam kubur tilu dina hadis rosul
Hiji sodakoh jariah iklas karna Allah

Dua gaduh élmu mangpaat sarta dialap mangpaat
Tilu gaduh putra anu soléh ngadoakeun teu weléh-weléh

Allah huma soli ala sayidina Muhammad
Yarobi soli alaihi wasalim.
---

Ciri nu Ngabakti ka Yangwidi

Sorban sanés ciri haji, sanés ciri pa kiai
Tapi sorban ciri lalaki nu ngabakti ka yangwidi

Jilbab sanés ciri santri, sanés ciri bias ngaji
Tapi jilbab ciri istri nu ngabakti ka yangwidi

Allah huma soli ala sayidina Muhammad
Yarobi soli alaihi wasalim.

Dosa abdi pami ditimbang ibarat budah lautan
Ibarat gunung anu luhur sarta meni ageung pisan

Saenyana éta malaikat ngabébérkeun dua jangjangna
Maka éta digampilkeun asup ka surga nu langgeng.
---

Di Jéro Pakuburan

Allahumma shali wassalim ala
Sayyidina wa maulana muhammadin
Adadama fi’ilmilahi sholatan
Daimatan bida’wami mulkillahi

Dawuh nabi, Ari dina pakuburan
Éta pasti nalangsa sabab nyorangan
Sareng deui di kubur téh poék pisan
Nu nyaangan di kubur – ku maos qur’an
Nu moékan di kubur – ku dosa urang
---

Do’a Nabi Adam

Robbana ya robbana
Dolamna anfusana
Wailam tagfirlana
Watarhamna lanakulana minal khosirin

Duh gusti pangéran abdi
Abdi dolim kana diri
Pami gusti teu ngahapunteun
Tangtos abdi
Janten jalmi anu rugi
---

Éling-Éling Umat

Éling-éling umat
Muslimin muslimat
Hayu urang sholat berjama’ah maghrib
éstu kawajiban
urang keur hirup di dunya
kanggo pibeukeuleun
Urang jaga di akherat
dua puluh tujuh
ganjaran nu berjama’ah
lamun sorangan
hiji gé mun bener fatihah
---

Gusti Ngahampura Dosa

Yaro bibil mustopa
Balig makol sidana
Wagfirlana mamado
Yawa siar karomi
Gusti muga kanjeng Nabi
Maksud abdi dugikeun
Dosa abdi hampura
Sipat nu berehan pisan
---

Ka kuping Suara Adzan

Ka kuping suara adzan
Di masjid ti kateubihan
Singhoréng téh ngawartosan
Ngajak solat babarengan

Ulah sok solat di imah
Salagi aya masjid mah
Pribumi atawa sémah
hayu urang berjama’ah
---

Tobat Dosa Ka Gusti

Ila hilas tulil pirdaus si ahlaa
Walaa akwaa alannaril jahiimii

Duh pangeran abdi sanes ahli surga
Namung teu kiat ka naraka teu ka duga

Lain tobat abdi téh hampura dosa
Da gusti nu sok ngahampura dosa-dosa
---

ABDI MILARI PANGARTI

Abdi milari pangarti
Supaya bisa ngabakti
Ka allah pangeran abdi
Nu ngadamel diri abdi

Sim abdi hoyong manfaat
Pikeun kasasama umat
Najan di dunia aherat
Jadi jalma nusalamet

Amal nyantel kana elmu
Amal sepi tina elmu
Ganjaran moal pinemu
Balukarna kengeng bendu
---

ANAK ADAM

Anak adam di dunya ayeuna ngumbara
Hirup anjeun di dunia the moal lila
Anak adam umur anjeun teh ngurangan
Saban poe saban peuting di centangan

Anak adam paeh anjeun te nyarengan
Ku anak salaki jeung babandaan
Anak adam paeh eweuh nu dibawa
Ngan asiwah jeung boeh anu dibawa

Anak adam pasaran teu lolongseran
Saban poe saban peting gegeroan
Anak adam ayena kaluar ti imah
Di garotong dina pasaran tugenah

Aduh bapa aduh ema abdi keueung
Rup kapandang rupkutaneh abdi sien
Anak adam di kubur teh poek pisan
Nu nyaangan di jero kubur teh maca Quran
---

AQOID 50

Ari aqo’idul iman lima puluh kayakinan
kanyahokeun sing enyaan
mun ngaku jalma ber-iman
nu dua puluh sifat na
wajib aya di alloh na

Dua puluh nu muhal na
nu jadi lalawan nana
Sifat nu jaiz na hiji
jumlah opat puluh hiji
hak alloh nu maha suci

teras na di tambah deui
opat nu wajib di rusul
opat nu muhal di rusul
nu jaiz na hiji hungkul,
jumlah salapan nu nyusul

jadi opat puluh hiji
tambah salapan ber arti
jumlah lima puluh pasti
pek sebutan hiji hiji

wujud, qiddam, baqqo, mukholafatul’lil, hawa’dissi, qiyamuhhu binafsihhi, wahdanniat, qudrot, irodat, ilmu hayat, sama basor kalam, qodiron muridan, aliman, hayan samingan basiron mutakaliman..

Aya heubeul langgeung beda jeung kabeh nu anyar
jumeuneung kalawan dat na, hiji alloh dina dat na

hiji na sifat na, hiji padameulan nana
kawasa kersa uninga alloh nu hirup na, ngadangu ningali

sasawuran bukti kawasa
bukti alloh kersa uninga alloh nu hirup na

bukti nu ngadangu nu ningali nu dadawuh
jadi sadayana nu wajib na dua puluh

Adam Hudus fana munasalah lil’hawadis itiaj Tangadud ngajju wakarohah
jahal mao somam umyum bukmum kaunuhu ajijan

karihan jahilan maitan assom ama abkham
Eweuh anyar ruksak sarupa eujeung nu anyar

Butuh kana tempat jeung butuh kanu ngayakeun
Bimbilangan dat na sifat na sareng dameul na

Apeus kapaksa bodo maot torek lolongna
Pireu bukti alloh anu apeus anu kapaksa

anu bodo maot,torek,lolong,jeung pireuna
Wenang ti alloh na

mi’dameul barang nu mungkin
ta aya anu wajib midameul barang nu mungkin.

sidiq amanah tablig patonah khiddib khianat khidmam kiladah
Bener kapercaya ngadugikeun eujeung pinter

bohong cidera jeung nyumputkeun tur bodo na
wenang ti rusul na sifat manusia biasa

kaya tuang leuet angkat kuleum sajabana.
---

ELING - ELING

Éling-éling dulur kabéh
ibadah ulah campoléh
beurang peting ulah weléh
bisina kaburu paéh

Sabab urang bakal mati
nyawa dipundut ku Gusti
najan raja nyakrawati
teu bisa nyingkiran pati

Karasana keur sakarat
nyerina kaliwat-liwat
kana ibadah diliwat
tara ngalakukeun solat

Kaduhung liwat kalangkung
tara nyembah ka Yang Agung
sakarat nyeri kalangkung
jasadna teu beunang embung

Urang bakal dilungsur
dilungsur ku sifat Ghofur
malaikat nu ngalungsur
aduh abdi palalaur

Masya Allah matak gelar
di akhirat kabeh gelar
tina pakuburan ngencar
karumpul di alam mahsyar

Ari ngaran mahsyar eta
palataran anu rata
panas na waktu harita
panon poe tujuh hasta

Henteu aya iyuh iyuh
pikeun urang tempat nyu uh
salawasna geu pakewuh
ngupingkeun naraka ngaguruh

Awak urang dirangsadan
henteu boga papakean
gawe ngan ider ideran
neangan nu nulungan

Tidinya tuluy digiring
sina nyorang cukang ramping
sekeut alabatan pedang
lembut alabatan rambut

Dihandap seuneu ngagolak
lega na mang implik amplak
saheab ge awak asak
se eur anu ting koceak

Kapir jeung pasek ngaromong
bener nabi teh teu bohong
geuning ayeuna katembong
ngan urang anu bedegong

Bareto mah teu percaya
sugan teh ngan ukur beja
ayeuna mah teu sulaya
pahala siksaan aya

Aduh indung aduh bapak
kutan teuh kieu rasana
jadi jalma anu doraka
kudu asub ka naraka

Elingkeun ieu pitutur
ka sakabeh dulur dulur
elingkeun siksaan kubur
urang teh ulah takabur
---

HAYU GEURA SARADIA

Hayu geura saradia
Meungpeung keur hirup di dunya
Amal keur sampeureun tea
Di ahir moal sulaya

Geuning maot ngadodoho
Boro sok dipoho-poho
Datangna teu mere nyaho
Ngageretek taya tempo

Taya beurang taya peuting
Taya raja taya kuring
Di mana ajal geus sumping
Teu meunang embung anaking

Horeng nyawa eujeung badan
Nu geus lila babarengan
Datang mangsa dipisahan
Paturay tineung pamitan

Lai meuran lain sugan
Da ieu mah kanyataan
Kabeh pasti ngarandapan
Geuning awak urang pisan

Kaget reuwas mata mencrong
Renghap ranjug munggah bengong
Napas ngangseg na genggerong
Nu deukeut geus teu katembong

Horeng ieu teh sakarat
Dicabut ku malaikat
Nyawa ngangseg mapay urat
Teu aya daya keur lumpat

Ku renghap nu panganggeusan
Pegat sakabeh harepan
Nabengkang taya dayaan
Rek kumaha pangharepan

Boro mah keur suka bungah
Ngatur napsu seuri bungah
Beak tempo kudu pindah
Nyampeurkeun ka alam barjah

Geus waktu ninggalkeun lembur
Menuju ke alam kubur
Meunang ngali geus diukur
Mahi keur awak sakujur

Rek naon anu di bawa
Duit atawa sawah lega
Menang ngumpul-ngumpul tea
Belaan nipu pasea

Beunang tisusuk tidungdung
Nu sok dipake adigung
Kana salat matak liwung
Waktuna jakat mah embung

Ibadah kateler-teler
Nepi ka nyanghulu ngaler
Lapur badan enggas komper
Di tengah imah ngagoler

Ngajolopong diruruban
Diriung ditarungguan
Geumpeur pacampur jeung reuwas
Setan mah bati mupuas

Harta anu ngunung-ngunung
Pakean duit satungtung
Ngan masih boeh asiwung
Ditambah kai keur padung

Lawang amal geus ditutup
Hanjakal keur waktu hirup
Talangke bet hanteu sanggup
Padahal waktu mah cukup

Paingan rosul ngelingan
Dunya mah pangumbaraan
Naha bet kamalinaan
Tonggoy hanteu nyubadanan

Ati ngerik pikir liwung
Imah tiiseun jeung suwung
Ngan anak yatim buruan
Tinggarisik ting rariung

Abong poe panganggeusan
Mana beurat rek amitan
Keun imah keun pakarangan
Geuwat keun logak ngantosan

Pasaran mendung dipayung
Ti luhur dirurub sarung
Nu ngiringna semu nguyung
Nangkeup dada tingkuyungkung

Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut
Beuki deukeut beuki deukeut
Beuki deukeut beuki deukeut
Kana logak ruper heureut

Duh geuning enggeus nyangkorah
Rup ku padung rap ku lemah
Poek rupek jeung tugenah
Ngarumas cukireuh susah

Ahli sobat kawawuhan
Teu tolih gancang bubaran
Duh saha nu rek maturan
Geusan cicing babarengan

Mana sobat mana dulur
Geuning buriak salembur
Hanteu maturan di kubur
Sumawon nambahan umur

Oge harta banda kuring
Nu dipuhit buerang peuting
Cik mana anu rek ngaping
Geuning geus kieu mah kuring

Hanjakal aduh hanjalak
Teu getol sadia amal
Padahal geuning padahal
Ngan amal nu jadi bekel

Naon keur panyinglar sedih
Nahan ku cimata getih
Tawa bangkieung jungkelih
Harta mah geuning teu nolih

Enggeus montong rek sasambat
Teu guna enggeus kaliwat
Bongan bareto teu toat
Teu kurang nu nganasehat

Tong hantem hahanjakalan
Pan teu kurang nu ngelingan
Pek runggu jawab sorangan
Geura jawab pariksana

Paremutan parantosan
Mangga geura aremutan
Sugan manawi jeung sugan
Ngajadi kamaslahatan

Ku maca ieu pepeling
Muga sing jadi panggeuing
Da Gusti anu ngajaring
Siang jeung wengi diaping
---

HE DJAT ANU LEWIH KUAT

He djat anu lewih kuat
Nu gagah nu perkasa
Mugia gusti ngajaga
Ti jalma anu dolim dosa

He Allah anu Maha Mulia
Ka anjeun abdi sadaya
Ibadah sakuat daya
Sareng nyuhunkeun pang raksa

He Allah anu ngamankeun
Ka abdi tina kasieun
Mugi gusti nyalametkeun
Ka abdi tinu kasiksa

Gusti Allah anu Maha Suci
Abdi seja pasrah diri
Mugi anjeun kersa nampi
Amal jeung ibadah abdi
---

KA NU SOK SAROLAT

Eling-eling ka jalma nu sok sarolat
Geuwat-geuwat masing gancang ka masigit
Supaya menang darajat berjamaah
Berjamaah anu tujuh likur tea

Arapalkeun ku sadaya umat islam 2x
Arapalkeun ku sadayana umat islam 2x

Ari solat gagancangan
Geus solat tara wiridan
Tara sunat-sunat acan
Nu kitu ajaran setan

Allahumma shali wassalim ala
sayyidina wa maulana muhammadin
Adadama fi’ilmilahi sholatan
daimatan bida’wami mulkillahi
---

KANJENG NABI

Gusti urang sadayana
Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Qurés nya bangsana

Ibuna Siti Aminah
ramana Sayid Abdullah
dibabarkeuna di Mekah
wengi Senén dinten Gajah

Rabi’ul Awal sasihna
tanggal kaduabelasna
April bulan Maséhina
tanggal kaduapuluhna

Ari bilangan tauna
lima ratus cariosna
tujuh puluh panambihna
sareng sahiji punjulna

Siti Aminah misaur
waktos babarna kacatur
ningal cahya mani ngempur
di bumina hurung mancur

Babar taya kokotoran
orok lir kénging nyepitan
soca lir kénging nyipatan
sarta harum seuseungitan

Keur opat taun yuswana
diberesihan manahna
Nabi dibeulah dadana
Malaikat nu meulahna

Jibril kadua réncangna
Mikail jenenganana
ngeusikeun kana manahna
élmu hikmat sapinuhna

Tuluy dada Kangjeng Nabi
gancang dirapetkeun deui
sarta teu ngaraos nyeri
dilap ku hotaman nabi

Nuju tanggal tujuh likur
bulan Rajab nu kacatur
nurut kaol anu mashur
Kangjeng Nabi téh disaur

Dipapag ku Malaikat
nyandak burok nu kasebat
leumpangna téh cara kilat
tungganganeun Nabi angkat

Ti Mekah ka Bétal Makdis
teu nganggo lami antawis
ku jalma henteu katawis
kersana Gusti nu wacis

Ti Bétal Makdis terasna
naék na tangga kancana
mi’raj téa kasebatna
ka langit Nabi sumpingna

Tujuh langit sadayana
jeung Arasy nu pangluhurna
disumpingan sadayana
katut surga narakana

Kangjeng Nabi ditimbalan
ku Gusti nu sifat Rahman
anjeuna kudu netepan
salat muji ka Pangéran

Kabéh jalma anu iman
sami pada kawajiban
salat nu lima giliran
henteu meunang dikurangan

Salat éta minangkana
dina agama tihangna
jalma nu luput salatna
nyata rubuh agamana
---

KAUM MUSLIMIN

Hai dulur kaum muslimin
regepkeun ieu syiiran
manawi tamba lumayan
malahmandar-malahmandar
janten jalan kabagjaan

Lamun aya waktu lowong
enggal eusi ulah lowong
pilari elmu nu luhung
ulah embung-ulah embung
meungpeung umur acan nungtung

Tong nganggur ngahurun balung
bisi di ahir kaduhung
hirup ngaguru kaembung
geura eling-geura eling
ka jalan Allah Nu Agung
---

NIAT NGAOS

Dupi nganiatan ngaos, seueurna opat perkawis
Hiji niat karena Allah, ngalakonan parentah-Na

Kaduana niat miceun kabodoan awak abdi, supaya janten salamet, salamet dunya akherat

Katiluna mun tos timu niat bade dilakonan, dilakonan ku sorangan, sareng sadaya rerencangan.
Kaopatna niat ngaos nga hirup-hirup agami, agamina kanjeng nabi, nabi utusan Ilahi

Nun Gusti, nu janten Pangeran, mugi teuteup rahmat sareng salam ka junjungan, sareng mugi Gusti ngahapunteun dosa abdi, miwa toat digampilkeun.
---

RUKUN ISLAM

Puji kagungan allah
rohmat salam ka rasulullah
sohabat tur kulawargi
pejuang agama allah

Islam agama nu bener
sejahtera luas tur damai
rukunna lima utama
amalkeun masing sampurna

Syahadat teh pondasina
sholat teh jadi tihangna
zakat dinding shaum kusenna
haji nu jadi kentengna

Rukun islam teh pahamkeun
amaliahna gerakkeun
penggerakna ge di jieun
agungna islam buktikeun

Syahadat kudu ngabukur
ma’rifat, mahabbah, syukur
jihad berjuang sing akur
hate ikhlas ulah kabur

Syahadat teh dikuatan
tolab elmu, maca qur’an
loba dzikir ka pangeran
ngalawan nafsu jeung setan

Solat ge kudu ngabuah
munajat sinareng qurbah
ta’awun sareng imamah
kahirupan sing barokah

Solat kudu diperkuat
awal waktu berjamaat
makmur masjid khusyu khidmat
sing lengkep fardhu jeung sunat

Qobliyah ba’diyah ketat
tahajud, tasbeh jeung hajat
dhuha jeung sunat sejen na
usahakeun sing sampurna

Zakat sing puguh buktina
tanmiyah jeung barokahna
ta’awun, taqoddum, izzah
islam teh nyata hebatna

Zakat nyata perjuangan
mun nisab geura zakatan
can nisab ge lalanyahan
dua setengah persenan

Ti leuleutik biasakeun
sawarehna harta bikeun
bentuk amilin nu leukeun
sifat amanah tegakeun

Shaum oge kudu nyata
sobar, tahamul, qurbah na
barokah sarta wusulna
islam teh nyata tangguhna

Shaum romadhon mantepkeun
tadarus qiyam lengkepkeun
zakat fitri laksanakeun
silaturahmi kuatkeun

Shaum wajib sing sampurna
sunnat jeung senen kemisna
‘arfah daud jeung liyana
shaum kasucian nana

Haji kudu bukti mabrur
iman ibadahna luhur
bisa ngagerakeun batur
umat akur islam luhur
---

SHOLAWAT KA JUNJUNGAN

Sholawat ka jungjungan, ieu teh ka unggulan
Kasaban ka-Agungan eta anu ngunggulan
Sholawat ka jungjungan, ieu teh ka unggulan
Kasaban ka-Agungan eta anu ngunggulan

Wajib ka sadayanaterang ka unggulanna
Jeung Nabi nu unggulna, Ngunggulan ka liana,
Mulia risalahna anu mutlak sifatna
Teu aya sasamina, tur teu aya karipuhna

Ayana ka mulyaan ti Gusti nu kagungan,
Qur’an nu ngadawuhan, Sholawat anu leuhan
Sampurna tur ngunggulan ka Adam disujudan
Sholawat kajunjungan, Ngumpulkeun kamuliaan

Pang sholawat ngunggulan ka Adam disujudan
Gusti nu miwarang Nu sujud pamohalan
Gusti nu miwarang Sholawat ka junjungan
Bangetna mideudeuhan Anjeuna nu mayunan

Opat rupa hikmatna Tina dawuh gustina
Inna lafadz awalna, Taslima nu akhirna
Hiji ngalobakeuna, Sholawat ka Nabina
Sampurna tur ungkulna Agung mulya Nabina

Dua pikeun ngumpulkeun Sebaten nu ngasakeun
Gusti tempatna leukeun Nabi nu dituturkeun
Tilu karna nyumponan Hakna cukang lantaran
Sadaya kanikmatan Endah berkah junjungan

Saha jalma syukuran Ka Nabi nu ngukuran
Taaya panarimaan Kitu janji pangeran
Opat pikeun nyicingan Sifatna kahambaan
Jauh ti kakufuran Sholawat ngajalanan

Ari asal ibadah Ngiblat lain ka ka’bah
Tapi karena parentah Mukmin ulah gagabah
Sadaya Malaikat Iwal anu dilaknat
Sujud ka Adam ta’at Mulya sababna ta’at

Ka kumpul ku hak Nabi lain asalna ngabdi
Dasar parentah gusti Eta hakekat ngabdi
Sholawat teh hak Nabi Tur hatena umat Nabi
Sejak dunguh ka gusti Pang bubungah ka Nabi

Sholawat ka jungjungan, ieu teh ka unggulan
Kasaban ka-Agungan eta anu ngunggulan
Sholawat ka jungjungan, ieu teh ka unggulan
Kasaban ka-Agungan eta anu ngunggulan
---


2 komentar:

Kutipan Al-Quran Bahasa Sunda

  sundabogortea.blogspot.com Yeuh manusa! Saéstuna jangji Allah téh hak. Ku kituna poma maranéh ulah katipu ku kahirupan dunya, jeung poma m...