Senin, 27 April 2020

Nadoman Sunda Syafaat Udzma - Lumpat Sakabeh Jalma




Allahumma sholli ‘alaa
Sayyidinaa Muhammadin
Wa aalihi Wa Shohbihi
Wa sallim wa barik ‘alaih

Lumpat sakabeh jalma
Di udag-udag naraka
Taya pisan nu ngabela
Anging amal keur di dunya

Lumpat sakabeh jalma
Muruna ka nabi Adam
Menta tulung jeung Syafa’at
Nabi Adam teh ngadawuh

Aduh karunya teuing
Boro-boro nyafa’atan
Kula oge ekeur susah
Tuh sugan ka nabi Nuh

Lumpat sakabeh jalma
Muruna ka nabi Nuh
Menta tulung jeung Syafa’at
Nabi Nuh teh ngadawuh

Aduh karunya teuing
Boro-boro nyafa’atan
Kula oge ekeur susah
Tuh sugan ka nabi Ibrohim

Lumpat sakabeh jalma
Muru ka nabi Ibrohim
Menta tulung jeung Syafa’at
Nabi Ibrohim ngadawuh
Aduh karunya teuing
Boro-boro nyafa’atan
Kula oge ekeur susah
Tuh sugan ka nabi Musa

Lumpat sakabeh jalma Muruna ka nabi Musa Menta tulung jeung Syafa’at Nabi Musa teh ngadawuh Aduh karunya teuing Boro-boro nyafa’atan Kula oge ekeur susah Tuh sugan ka nabi Isa Lumpat sakabeh jalma Muruna ka nabi Isa Menta tulung jeung Syafa’at Nabi Isa teh ngadawuh Aduh karunya teuing Boro-boro nyafa’atan Kula oge ekeur susah Tuh sugan ka Kanjeng Nabi Lumpat sakabeh jalma Muruna ka Kanjeng Nabi Menta tulung jeung Syafa’at Kanjeng Nabi teras sujud Sujud ka Yang Agung Nyuhunkeun Syafa’at Gusti Gusti Allah teh nembalan Pek ku anjeun Syafa’atan Cengkat dina sujud Kanjeng Nabi teh ngorejat Narajang naraka galak Naraka ampun careurik Hanjat ka meja hejo Kanjeng Nabi ngahukuman Dina waktu genep zaman Jalma rengse sadayana

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Kutipan Al-Quran Bahasa Sunda

  sundabogortea.blogspot.com Yeuh manusa! Saéstuna jangji Allah téh hak. Ku kituna poma maranéh ulah katipu ku kahirupan dunya, jeung poma m...