Senin, 13 April 2020

Nadoman Sunda Tarikh Nabi Muhammad Saw



Nadoman Sunda Tarikh Nabi Muhammad Saw

1) Bismillah abdi ngawitan
Sugrining puji sebutan
Hak Alloh nu ngarawatan
Rohmat salam ka panutan

2) leu maksad nu dipedar
Riwayat Nabi Almukhtar
Rosul panutup kawentar
Muhammad Habibul Goffar


3) Tipayun bade nerangkeun
Nasabna diperelekeun
Nu wajib dikanyahokeun
Ku umatna nu ngimankeun

4) Ramana Sayyid Abdulloh
Bin Sayyid Abdul Mutollib
Bin Hasim bin Abdi Manaf
Ibnu Qusoy putra Kilab


5) Ibuna Siti Aminah
Putra Wahab deuheus keneh
Bin abdi Manaf bin Zuhroh
Putra Kilab nu cikeneh

6) Putra Muroh putra Ka'ab
Putra Luay putra Golib
Putra Fihir putra Malik
Putra Nador Kinanah


7) Bin Chuzaimah bin Mudrikah
Ibnu Ilyas putra Mudor
Putra Nizar putra Ma'ad
Bin Adnan terah Ibrohim

8) Dibabarkeun di Mekkah
Wengi Senen taun Gajah
Rabi'ul awwal bulanna
Tanggal kadua belasna


9) Bulan Masehina puguh
April tanggal dua puluh
Taunna ge henteu ewuh
Lima ratus tujuh puluh

10) Rama kangjeng Nabi ngantunkeun
Waktos Nabi dibobotkeun
Di Abwa kacarioskeun
Nya didinya dimakamkeun


11) Nu ngurusan murangkalih
Kawit ku siti Aminah
Ku Suwaibah Aslamyyah
Teras ku Siti Halimah

12) Dina yuswa lima taun
Sareng yuswa genep taun
Aya dipangkon ibuna
Dicandak jarah lajengna


13) Ka Madinah dicandakna
Bani Najjar karuhunna
Ti jihat rama nasabna
Bari nadran ka ramana

14) Kenging sasasih lamina
Disambut kabina bina
Ku sadaya pamilina
Pada ngaraos lugina


15) Kocap dina waktos mulang
Di Abwa ibuna lanjung
Teras anjeuna dipayang
Dilandongan digugulung

16) Namung panyawatna parna
Teu aya pisan sudana
Malah dugi ka ajalna
Ibuna pupus didinya


17) Kangjeng Nabi teu aya Ibuna
Nalangsa kabina bina
Rama tipayun ngantunna
Tambih ku ibu ayeuna

18) Dawuhan Ummu Aiman
Amatna nu banget heman
Mangga ujang disarengan
Mulih ka eyang nepangan


19) Abdul Mutholib kagagas
Sumping putuna ngahelas
Kangjeng Nabi dirangkul teras
Bari murubut citangis

20) Calikna di kangjeng eyang
Dua taun kirang langkung
Kalayan kodar yang Agung
Teras pupus kangjeng eyang


21) Harita Nabi yuswana
Nuju dalapan taunna
Nya dirawat ku uana
Abu Tolib kakasihna

22) Ari kaayaan sepuh
nya kaetang kirang mampuh
pikeun ngabantuan sepuh
kangjeng Nabi ngangon buburuh


23) Nabi ayeuna di ua
teu pisan aya kuciwa
barang geus ampir sawawa
dua belas taun yuswa

24) Ku ua di candak dagang
ka Nagri Syam dayeuh anggang
di palebah tanah Busro
katingal ku Buchairo


25) Hiji pandita Nasoro
elmuna seueur tur jero
ku anjeunna sidik atra
ciciren Nabi katara

26) Teras anjeuna nasehat
aranjeun dagang tong kebat
di jdan loba nu megat
nu hianat maksud jahat


27) Abu Tolib enggal mangkat
bener eta teh mupakat
ka Mekkah mulihna kebat
berkah di jalan salamet

28) Adat istiadat kangjeng
unggal saat lucu majeng
tara sungkan talang tulung
sumawonten kanu bingung


29) Sareng tara humaregung
nyebat lapar komo pantrang
tebih tina linyok bohong
banget isin ku yang Agung

30) Adeg salirana necis
cahyana gumilang manis
damisna lir kembang eros
waosna bodas ngaberes


31) Mun mesem lir inten jamrut
na baham cahya murubut
ngahudang naik pangirut
abong enya candra mawat

32) Kacatur waktos harita
Abu Tolib sisa harta
teras ka Kangjeng nyarita
ayeuna kumaha peta


33) Kapan ua teh geus kolot
ua istri ge geus peot
kumaha mun ua maot
ujang saha nu ngarawat

34) Jeung ujang teh geus sawawa
meujeuhna kagungan garwa
ngan ua sanajan doa
tapi naon nu dibawa


35) Kangjeng Nabi tungkul ngeluk
cisoca rambisak cipruk
ras emut ka ibu rama
kabayang ku jiwa sukma

36) Kocap di nagara Mekkah
aya hiji istri berkah
leur menak hartawan rongkah
kawuwuh ampuh jeung timpuh


37) Geulis rupi hade manah
balaba nyaah ka semah
mustika istri di Mekkah
jenengan Siti Chodijah

38) Kacaturkeun Gusti Rosul
ka Siti Chodijah usul
manawi kabiruyungan
rek ngayuh barang dagangan


39) Enggalna Gusti Rosul teh
dagang ka Syam nagri jauh
dagangna teu wudu payu
batina mang rebu-rebu

40) Siti Chodijah kataji
ku kangjeng Nabi nu pinuji
sarta manahna teu tahan
wakca kedal kawalahan


41) Ka Nabi mundut ditikah
keukeuh sarta pasrah lillah
pasrah harta pasrah raga
mangga teu ngaboga boga

42) Sarengsena akad nikah
teras ngayakeun walimah
ti langit aya soara
saolah-olah bewara


43) Nikahna istri nu surti
ka pemeget anu suci
nu sami budiman harti
sarta karidoan Gusti

44) Dina yuswa tilu puluh
kajadian Ka'bah rubuh
lajeng kaom gotong royong
ngaradegkeun pada hoyong


45) Ngan hanjakal aya cacad
dina masang Hajar Aswad
kaom-kaom wilih cawad
parasea sili cempad

46) Teras ku Kangjeng diputus
kabeh rido sarta lulus
kangjeng Nabi gelar Al-Amin
ku kaomna ditibanan


47) Dina yuswa opat puluh
kangjeng langkung-langkung ampuh
jeung sering mendak nu aneh
hauf suara alebreh

48) Totonden jalmi sinelir
karesep nyingkur tapakur
neuteup gunung balulistir
ngalugay pepeteng dohir


49) Tengah peuting jemplang-jempling
nyacat saga lungkawing
angin tiis ngadalingding
katingal bentang baranang

50) Tilu mil ti kota Mekkah
kencaeun jalan ka Arfah
aya jabar Nur merenah
guha Hiro nu katelah

51) Kangjeng Nabi didinya nyepi
teras wahyu katampi
tanggal tujuh belas romdon
Surat Iqro nu ngawitan

52) Sedengkeun jalma di Arab
harita keur campuh nyasab
jol wahyu asa direrab
rasana dibawa nyasab


53) Dina lebet tilu taun
Islam teh majuna laun
da'wahna susulumputan
dapuguh seueur cegatan

54) Anu pangheulana iman
Chodijah istri budiman
teras Ali putra paman
Sayyid Abu Bakar Usman


55) Abdurohman, Sa-id Zuber
Ubaidah sareng Jafar
salajengna teras ngabrul
nu ariman ngaburudul

56) Ku sueurna anu Iman
Musrikin rasa teu aman
jol fitnah reujeung rintangan
jeung pirang-pirang ancaman

57) Taun lima kanabian
pirang pirang kajadian
mangrupa-rupa ujian
ka Nabi jeung ka Mu'minin

58) Serangan musrikin hebat
majeng henteu pegat-pegat
mu'min seueur nu teu kiat
dugi ka seueur nu maot


59) Kangjeng Nabi miwarang hijrah
ngungsi ka Nagara Habsyah
muslimin nungtut parindah
ngarantunkeun Nagri Mekkah

60) Langkung ti dalapan puluh
jaler istri anom sepuh
sayuid Usman sobat pengkuh
nyandak garwa najan ripuh

61) Muslimin ngarasa ewuh
nandangan bancang pakewuh
unggal dinten tambah meuweuh
mingkin sengit henteu reureuh

62) Kangjeng Nabi lajeng munajat
ka hadrot nu murbeng jagat
mugi-Islam diperkuat
kalawan kurnia hadrot


63) Sayyid Umar sareng Hamzah
lalebet Islam sumerah
atuh musrikin marundah
amarahna tambah rongkah

64) Kangjeng Nabi sareng sohabat
kantos ngalaman dibekot
malah kungsi diasingkeun
disingkirkeun dihinakeun

65) Taun tujuh kanabian
hijrah ngadua kalian
ka Habsyah sablas wanita
tujuh puluh tilu pria

66) Musrikin Mekah ngadongsok
Raja Habsyi rek disogok
asal muslimin pulangkeun
tapi Raja teu keresaeun

67) Dina taun ka sapuluh
Abu Tolib anu teguh
ua anu banget nyaah
nya mulih ka Rohmatulloh

68) Heuleut sawatara dinten
teu acan oge sebulan
Siti Chodijah garwana
pupus ngantun carogena

69) Istri nu banget bumela
kumereb teu ngijing sila
istri tukang ngabeberah
mun kangjeng Nabi nuju sesat

70) Ku pupusna anu dua
anu belana sarua
kangjeng Nabi ngangiuh sungkawa
sumpeg manah teu kawawa


71) Malah nelah taun huzun
tegesna taun prihatin
taun giung sedih kingkin
ujian lahir jeung batin

72) Nurustunjung nu musrikin
talajakna ebreh yakin
istuning merajalela
jongjon euweuh nu ngabela


73) Ceuk pikirna lakadala
ayeuna Muhammad bahla
malah geus pada sawala
Muhammad rek dipahala

74) Geusan ihtiar tarekah
kangjeng Nabi ka Toip hijrah
sareng Zaed bin Harisah
sakantenan bari da'wah

75) Tapi ieu oge gagal
urang Toip teh naragal
malah nenggoran ku batu
kangjeng Nabi dugi katatu

76) Teras kangjeng Nabi angkat
bari ka Alloh munajat
duh Gusti mugi nuduhkeun
ummat abdi teu terangeun


77) Taun sablas kanabian
Isro Mi'raj kajadian
Rajab malem tujuh likur
mungguh kaol anu mashur

78) Isro Mi'raj disambutna
ku kaom teh warna-warna
ay a anu nyebut sasar
aya anu nyebut sihir


79) Aya anu hemar hemir
rek percaya tapi samar
Abu Bakar mah teu nampik
nya digelaran Assidik

80) Di Mekkah jadi tagiwur
Islam jalanna teu lancar
nu puguh mah matak paur
ancaman ti kaom kufur


81) Kalayan kurnia Alloh
Islam kedah sumarambah
sumping tamu ti Madinah
ti Bani Chojroy kobilah

82) Genepan ngamaksad jarah
ngadeuheus ka Rosululloh
teras maraca sahadat
sarengsena mulih geuwat


83) Islam di Madinah jalan
ku jasana nu genepan
malah ngutus deui jalmi
dua belas nu utami

84) Teras ku Nabi dibe'at
di Aqobah ngaran tempat
ngayakeun jangji nu hebat
nganggo sumpah mabrih kuat


85) Taun dualas Nubuwwah
sumping deui ti Madinah
tujuh puluh lima jumlah
beat deui di Aqobah

86) Ku Musrikin kanyahoan
urang Madinah ariman
atuh musrikin ambekna
hebat lain dikieuna


87) Kapaksa sohabat pindah
narungtutan ka Madinah
kantun Ali Abu Bakar
sareng Nabi tacan jengkar

88) Abu Bakar mahabbahna
ka Nabi kabina-bina
leuwih ka kulawargana
malah leuwih kadirina


89) Saba'da Chodijah nilar
nikah putra Abu Bakar
ka siti Aisyah tea
geusan ngokohkeun baraya

90) Taun dua las nubuwwah
kagentingan tambah meuweuh
sumping wahyu kedah ngalih
hijrah ka nagri Madinah


91) Abu Bakar didamian
pikeun ngatur perjalanan
onta jeung nu tuduh jalan
kitu deui bebekelan

92) Nabi angkatna janari
ngalangkungan nu sarare
padahal eta teh musuh
nu maregat rek ngabunuh


93) Isukna musuh galuyur
nu diantos teh geus lungsur
ngan kari Ali sorangan
musuh ribut nareangan

94) Kangjeng sareng Abu Bakar
nyararumput di guha Tsur
Abu Bakar banget paur
ngadangu musuh di luar


95) Tapi musuh henteu nyangka
Nabi nyumput jero guha
sanggeus tilu dinten nyumput
ka Madinah teras angkat

96) Henteu kocap di jalanna
dugi ka Quba angkatna
tilu mil deui ka tepi
Amar bin Auf nu nampi


97) Kangjeng Nabi didinya liren
kenging opat belas dinten
teras nyebarkeun agama
disambut ku jalma-jalma

98) Malah didinya ngadegkeun
masjid digotong royongkeun
nu kaitung pangpayunna
masjid Attaqwa ngarana


99) Dua belas Mulud cenah
Nabi sumping ka Madinah
disambutna estu hebat
dipestakeun dihalormat

100) Didinya terus ngadegkeun
masjid digotong royongkeun
sarta pohara gedena
masjid Nabawi nelahna


101) Muhajir anu ti Mekkah
sareng Ansor ti Madinah
ku kangjeng Nabi dihijikeun
diatur disaluyukeun

102) Yahudi teh di Madinah
mangpirang-pirang kobilah
ku kangjeng Nabi diakuran
diayakeun pangaturan


103) Di Madinah Islam jaya
aman teu loba bahaya
akur campur loba dulur
gemah ripah subur ma'mur

104) Tapi aya-aya bae
sanajan aturan sae
aya nu Islamna palsu
nu munafiq cara asu


105) Nu dipimpin ku Abdulloh
bin Ubay si la'natulloh
Yahudi jeung munafiqin
ngarasut ngabaruntakeun

106) Hubungan musrik Mekkah
nu keur hurung napsu rongkah
nu mobok manggih gorowong
maksudna asa kasorong

107) Sanggeus ayat perang turun
tina hijrah dua taun
Nabi ka sohabat miwarang
hayu urang maju perang

108) Abu Jahal mimpin Qures
sarebu leuwih ngabaris
muslimin mah ngan ngadalis
tilu ratus tilu belas


109) Di Badar der campuh perang
sili panah ting salemprung
sili tumbak sili gobang
sili gada sili pentung

110) Nu taratu ting garerung
ting koceak menta tulung
malah loba anu gugur
nu borangan mah kalabur


111) Anu tiwas ti musrikin
tujuh puluh anu yakin
Abu Jahal ge kasambut
nyawana beres paragat

112) Ti muslimin opat belas
nu sahid nu pada ihlas
mulangna ka Rohmatulloh
meunang jaminan ti Alloh


113) Taun tilu tina hijrah
perang Uhud nu katelah
ieu ge Alhamduhllah
kaum musrikin nu kalah

1 14) Taun hijrah ka limana
perang Chondaq nu jadina
nu kamashur perang Ahzab
riwayatna dina kitab


115) Taun genep tina hijrah
Nabi jeung sohabat ka Mekkah
sarebu pat ratus jumlah
bade haji sareng umrah

116) Barang dugi tepis wiring
ka Nabi aya salenting
urang Mekkah rek ngahalang
meureun ngarasa hariwang

117) Nya ngayakeun musawarah
kangjeng sareng urang Mekkah
di palebah Hudebiyyah
hasil runding kieu cenah

118) Hiji moal peperangan
dijero sapuluh taun
kadua taun ieu mah
tong tulus jarah ka Mekkah


119) Sareng seueur-seueur deui
henteu disebat didieu
enggal kangjeng Nabi mulang
sareng sohabat ngalabring

120) Sasumpingna ka Madinah
Nabi da'wah kanu jauh
nganggo perantara surat
ka para raja jeung pangkat


121) Warna-warna anu nyambut
aya nu iman nu nurut
aya nu ambek berengut
aya anu ngajak gelut

122) Taun tujuh Zul Qoidah
Nabi jeung sohabat ka Mekkah
dua rebu muslim jumlah
bade kodo haji umrah


123) Berkah taya kajadian
margi nurut perjanjian
malah loba musrik Mekkah
arasup Islam sumerah

124) Taun tujuh sasih Safar
nempuh Yahudi di Chebar
nu ngalawan gemprah bangkar
nu takluk dibere omber


125) Taun ka dalapan hijrah
kajadian perang Mut'ah
Jumadil Awwal katelah
Muslimin unggul berekah

126) Roncom ka dalapan hijrah
kangjeng Nabi angkat ka Mekkah
nyandak balad anu rongkah
sapuluh rebu di jumlah


127) Rek ngagempur kafir Mekkah
da bongan wani ngarobah
perjanjian Hudebiyyah
bari curang bangkawarah

128) Musrik Mekkah nu tadina
ka Muslim ngahina hina
nganyenyeri samemena
nyieun fitnah salilana


129) Barang ningal balad Rosul
nakleuk ngaguruh murudul
musrikin kabeh gogodeg
gugup geumpeur jeung ngadegdeg

130) Taya nu wani ngayonan
da puguh lain lawaneun
Samalahan Abu Sufyan
harita manehna iman


131) Tapi aya sapasukan
ngalawan bakat ku sungkan
asup Islam henteu sanggup
kajeun paeh batan nurut

132) Nu dipimpin ku Ikrimat
bin Abu Jahal si la'nat
dua ti muslimin korban
ti kafir dua dalapan


133) Geus beres Nabi nalukkeun
patung di jungkel-jungkelkeun
ra'yat nu sok nganyerikeun
di hampura dibebaskeun

134) Masih taun ka dalapan
bulan Sawwal perang Hunen
perang hebat pada kuat
ampir muslimin barirat


135) Namung berkah henteu kalah
malah musrikin sumerah
gonimahna estu rongkah
ngitungna ge matak seunggah

136) Domba opat puluh rebu
jeung tawanan genep rebu
dua puluh dua rebu
onta bikang sareng jalu


137) Opat ratus gram perak
ngagunduk bodas marakbak
sareng seueur-seueur deui
teu diterangkeun didieu

138) Pang ahirna peperangan
nu ku Rosul disarengan
perang Tabuk nu katelah
Rajab ka salapan hijrah


139) Taun ka sapuluh hijrah
kangjeng Nabi jarah ka Mekkah
saratus rebu jama'ah
ngalabring ngeungkeuy ngaguruh

140) Haji wada katelahna
haji anu pangahirna
harita Nabi nasehat
panjang tur pohara hebat


141) Nerangkeun jalan akherat
oge jalan masyarakat
sangkan ummat pada ni'mat
ti dunya dugi ka akherat

142) Hukum Islam geus sampurna
kitu deui sareatna
teu aya pisan kurangna
kantun ngajalankeunnana


143) Harita Islam cahyana
sumirat sabubuana
seungit lain dikieuna
nerekab ka mana-mana

144) Nabi geus seep tugasna
ngadugikeun risalahna
bari nyumponan mistina
teu aya pisan mencogna


145) Hijrah taun ka sabelas
Senen tanggal dua belas
Rabi'ul awwal bulanna
Nabi ngantun alam pana

146) leu riwayat parantos
namung kacida diringkes
saupami palay paos
kitab ageung bae aos



Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Kutipan Al-Quran Bahasa Sunda

  sundabogortea.blogspot.com Yeuh manusa! Saéstuna jangji Allah téh hak. Ku kituna poma maranéh ulah katipu ku kahirupan dunya, jeung poma m...