Tampilkan postingan dengan label Nadhom. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Nadhom. Tampilkan semua postingan

Sabtu, 12 Februari 2022

Pupujian Nadhom Sunda Sipat Dua Puluh


 

Pupujian Nadhom Sunda Sipat Dua Puluh

 

1. Ari puji sadaya kagungan Allah

Rohmat salam nu tetep di Rasulullah

Saparantos muji maca salam

leu sipat duapuluh dina Nadhom

 

2. Cara inten biduri dina kongkorong

Rante emas cahayana gilang gumilang

Nu wajib nu mustahil sareng nu wenang

Di Pangeran di pa-Rosul wajib terang

 

3. Lamun hanteu terang pinasti disiksa

Ku Gusti Allah nu Murba Wisesa

Ari sipat di Pangeran, anu urang

Kadang terang duapuluh hanteu kirang

 

4. Hiji Wujud hartina aya Pangeran

Hanteu aya eta jadi lalawanan

Dua Qidam aya taya mimitina

Mohal anyar aya mimiti wujudna

 

5. Tilu Baqo hartina langgeng teu samar

Mustahilna ruksak caranu anyar

Opat  Mukhofafah yane/nyaeta beda-beda

Jeung makhlukna mohal hanteu beda-beda

 

6. Lima Binafsihi Ta'ala Qiyamuhu

Allah jumeneng ku anjeun mohal butuh

Genep Wahdaniat hartina sahiji

Mohal Allah bingbilangan Maha Suci

 

7. Tujuh Qudrot hartina Allah kawasa

Mohal apes yane mohal hanteu bisa

Kadalapan Irodat yane kersa

Mohal Gusti Allah damelna kapaksa

 

8. Kasalapan Ilmu hartina uninga

Mohal bodo kana sagala damelna

Kasapuluh sipat Hayat yane hirup

Mohal maot eta sipat hanteu surup

 

9. Kasabelas Sama ngarungu hartina

Mohal torek kana sagala damelna

Duabelas Bashor hartina ningali

Mohal lolong yane mohal buta tuli

 

10. Tilu welas sipat Kalam sasauran

Mohal pere sabab eta kakurangan

Opat welas Qodiron anu kawasa

Mohal apes yane mohal teu tiasa

 

11. Lima welas Muridan anu keresa

Mohal Gusti ALLAH eta nu kapaksa

Genepwelas Aliman anu uninga

Mohal Gusti Allah eta teu uninga

 

12. Tujuh welas Qoyum Allah anu hirup

Mohal Allah anu maot hanteu surup

Kadalapan welas Sami'an hartina

Nu ngarungu mohal lalawananana

 

13. Kasalapan welas Basiron hartina

Nu ningali mohal lalawananana

Mutakalimun sipat kadua pululma

Anu sasauran mohal nu pireuna

 

14. Ari dalil kana sipat anu tadi

Aya ieu bumi alam nu peryogi

Ari sipat anu parantos kasebat

Eta babagianana aya opat

 

15. Hiji wujud disebat sipat nafsiah

Ari nu lima sabadana salbiah

Qidam baqo sareng sipat mkholafah

Qiyamuhu binafsihi wahdaniyah

 

16. Kudrat iradat ilmu jeung sipat hayat

Saman basar kalam ma'ani kasebat

Sareng anu tujuh panuntungaanana

Eta sipat manawiyah kasebatna

 

17. Nya eta qodiron muridan 'alimun

Hayun samiun basirun mutakalimun

Ari sipat anu wenang di Pangeran

Damel mungkin atawa teu ngadamel

 

18. Maha Wenang damel ieu kaayaan

Geura ieu sapalihna ditataan

Ngaluhurkeun ngahandapkeun hiji abdi

Ngadamel pinter sareng bodo ti abdi

 

19. Ngabeungharkeun nu malarat sabalikna

Nu malarat didamel jadi beungharna

Ari sipat nu wajib di Parosul

Eta opat coba pikir ulah kedul

 

20. Hiji Sidik yane Rosul wajib bener

Mohal bohong sabab eta sipat jembar

Kaduana sipat Amanat hartina

Kapercaya mohal ngarempak cegahna

 

21. Katiluna sipat Tablig ngadatangkeun

Parentahan Allah mohal disumputkeun

Kaopatna Fatonah hartina pinter

Mohal eleh hujal kanu palalinter

 

22. Ari sipat anu wenang di sadaya

Para rosul ngan sahiji teu sulaya

Nya eta sipat bangsa kamanusan

Anu hanteu mantak kurang kapangkatan

 

23. Kaya dahar leueut sareng jual beuli

Panas tiris suka bungah laki rabi

Hanteu meunang di parosul sakit edan

Sareng sakur kakurangan torek lolong

 

24. Wajib deui urang nekat satemenna

Hanteu aya mahluk anu pangmulyana

Pang-agungna sajabi kakasih Allah

Kangjeng Nabi Muhammad putra Abdullah

 

25. Ari kakasihna ibuna Aminah

Dipedalkeunana di Nagara Mekah

Teras jeneng rosul di Negara Mekah

Teras ngalih ka Madinah Munawaroh

 

26. Teras pupus di Madinah Negri Mulya

Dipendemna di Madinah teu sulaya

Puputrana tujuh kaol pangsohehna

Sayid Qosim eta putra pangpayunna

 

27. Dua Siti Zaenab katilu Rokayah

Opat putra kameumeut Siti Fatimah

Kalima Ummu Kulsum kagenep Abdullah

Sareng Sayid Ibrahim putra katujuh

 

28. Rohmat Allah sareng salam nu utami

Muga-tetep dipanutan jisim abdi

Kangjeng Nabi Muhammad anu kagungan

Sapaat anu Agung taya nu ngungkulan

 

29. Hai panutan jisim abdi muga Gusti

Hanteu lali nyapaatan ka sim abdi

Sareng ka pun indung bapa abdi

Sareng sadaya sanak kulawargi


Kamis, 27 Januari 2022

Nadom Sunda - Umat Nabi di Surga Aya 7 Golongan

Surga tujuh golongan 


Kahiji jalmi nonoman
Getol tobat ka Pangeran 

Kadua jalmi berehan
Sodakoh teu ditembongkeun 

Katilu nu unggal dinten
Sholat duha didawamkeun 

Kaopat tukang berjamaah
Sanajan loba kariweuh

Leungit harta henteu nyaah
Batan tinggal berjamaah (2x) 

Ari anu kalimana
Nu sok kumpul jeung ulama 

Ngaregepkeun pituahna
Hoyong bagja akheratna 

Ari anu kagenepna
Tobat ngucurkeun cisoca
Banget isin ku Pangeran
Dosa alit ditobatan 

Ari anu katujuhna
Jalmi anu tara zina
Sanajan nu geulis ngagoda
Sieun disiksa naraka (2X)



#nadomsunda 
#nadoman
#sholawatsunda
#sholawat


------------------------------------------
------------------------------------------
---------------------------------------------------------------------------------------------------------------

Sabtu, 22 Januari 2022

Nadoman Doa Sholawat Sa'atos Tawasulan




















-------------------------------------------------------------------------------------------------------------


Jumat, 22 Mei 2020

PUPUJIAN NADOMAN SUNDA - ELING ELING DULUR KABEH




ELING ELING DULUR KABEH
IBADAH ULAH CAMPOLEH
BEURANG PEUTING ULAH WELÉH
BISINA KABURU PAEH

SABAB URANG BAKAL MATI
NYAWA DIPUNDUT KU GUSTI
MATAK KUDU ATI-ATI
KANA IBADAH SING GUMATI

HORENG MAOT NGADODOHO
BORO SOK DIPOHO-POHO
DATANGNA TEU MERE NYAHO
NGADADAK TEU AYA TEMPO

TAYA BEURANG TAYA PEUTING
TAYA RAJA TAYA KURING
DIMANA AJAL GEUS SUMPING
TEU MEUNANG TEMPO ANAKING


--------------------------------------------------------------

Kamis, 21 Mei 2020

Nadom Bahasa Sunda Detik Detik Wafatnya Rosulullah SAW Part 3




Nadom Bahasa Sunda Detik Detik Wafatnya Rosulullah Muhammad SAW Part 3
Duka itu menyelimuti umat Islam di Madinah pada Senin 12 Rabiul Awwal tahun 11 Hijriyah atau 8 Juni 632 Masehi, kurang lebih 1.387 tahun yang lalu.

Tonton Juga Part 1 & 2




Jumat, 15 Mei 2020

Nadom Bahasa Sunda Detik-Detik Wafatnya Rosulullah SAW Part 1



Nadzom detik-detik wafatnya Rosullullah Bismilah abdi ngawitan Meudal riwayat panutan Waktos nabi bade mulih Ti dunia ka rahmatullah Rahmat salam kapanutan Anu asih anu heman Ka umatna anu iman Jenengan nabi ti payun Nabi muhammad panutan Janteun utusan pangeran Di dameul pangkat habiban Nadom riwayat panutan Waktos nabi bade ngantunkeun Gera mangga darangukeun Mugi wabihi nasta’in Ya rosullullah panutan Waktos nabi bade mulih Ti dunia ka rahmatullah Kawitna tedamang payah Sumping panyawatna subuh Shohabat pada narangis Abu bakar, umar utsman nangis Nalangsa jeung melas meulis Tangtuna bakal tunggeulis Ali sareng hasan husein Nangisna nalangsa pisan Geutir nalangsa prihatin Ku eyang bade dikantun Sofiyah jeung maemunah Aisyah sareng fatimah Pada narangis teu geunah Ningali rama tos ripuh Lajeung kanjeng nabi mulih Ti masjid semu ngereyeuh Dituntun ku maemunah Margi panyawat tos payah Gusti allah miwarangan Ku jibro’il direncangan Ka alam dunia tumurun Ka kanjeng nabi neupangan Angkat sapada harita Malakal maut rencangna Dipiwarang nyabut nyawa Ku gustiallah nu mulya Malaikat dua makbul Sumping ka bumina rosul Lajeung ngaos uluk salam Di jawab ku salam ta’dim Ya rosulullah mustika Alaikum salam wattaqwa Ijli hada fil baiti Saderek-saderek abdi Gusti rosul nyaur deui Ka malak jibril nu murni
Bari naros saha eta nu dicandak ku andika yeu malakal maut tea
utusan allah nu mulya naha rek naon maksudna ku kaula teu kasangka
naha maksud erek nyaba atawa rek nyabut nyawa ?
Malakl maut haturan seuja ngalayad panutan sareng kaulateh seja utusan allah nu mulya
Dipiwarang nyabut nyawa ka anjen nabi nu mulya
Malaikat nu dua nyaur ka nabi nu mulya
Ieu haturan ayatna ana fi mayyitin’tsumma
Iinnakum yaumal qiyamah ta’tasimuna minallah
Tigusti allah nu mulya di ngaos ku rosul nyata
Gusti rosul teras nangis matak nalangsa jeung waas
Saparantos ngaos anak uninga yen bakal maot ku malaikat ditaros naha
geuning gusti nangis?
Gusti ulah melas meulis da parantos titis tulis.

Kamis, 14 Mei 2020

Sholawat Nuril Anwar - Dari Mama Imas





Bismillahirrahmanirrahim

Allahumma sholli ‘ala nuril anwar 
wa sirril asrar wa tiryaqil aghyar 
wa miftahi babil yasar 
sayyidina muhammadinil mukhtar 
wa alihil ath-har wa ash-habihil akhyar 
‘adada ni’amillahi wa ifdhalih.

“Ya Allah, limpahkanlah salawat atas cahaya di antara segala cahaya, rahasia di antara segala rahasia, penawar duka dan pembuka pintu kemudahan, junjungan kita Nabi Muhammad, manusia pilihan, juga kepada keluarganya yang suci dan sahabatnya yang baik, sebanyak jumlah kenikmatan Allah dan karuniaNya.”

Kutipan Al-Quran Bahasa Sunda

  sundabogortea.blogspot.com Yeuh manusa! Saéstuna jangji Allah téh hak. Ku kituna poma maranéh ulah katipu ku kahirupan dunya, jeung poma m...