Senin, 16 Maret 2020

Lirik Nadoman Pupujian Sunda Hudang ti Kubur dan Artinya



Hudang ti kubur tetela
Jalma jadi rupa-rupa
Teu sarua jeung asalna
Sakumaha ge amalna

Hiji awak ngaguruntul
Gulang-guling awak wungkul
Nu kitu goreng ka batur
Jeung tatangga embung akur

Ari anu kaduana
Jeung babi taya bedana
Kana solat lalawora
Ninggalkeun bari dihaja

Tilu nu beuteungna kembung
Eusina ku seuneun hurung
Kana zakat eta embung
Akhirna bakal kaduhung

Ari anu kaopatna
Geutih ngocor ti bahamna
Anu kitu akibatna
Teu jujur dina dagangna

Ari anu kalimana
Awak kacida bauna
Nu maksiat di dunyana
Cilaka di akheratna

Ari anu kageunepna
Jalma gorowong beuheungna
Saksi palsu di dunyana
Cilaka di akheratna

Tujuh jalma teu letahan
Nyeurina teu katulungan
Kana bener teu nyaksian
Heunteu sieun ku Pangeran

Dalapan nu jujungkiran
Parjina bijil nanahan
Kana zina dilakonan
Heunteu sieun ku Pangeran

Salapan nu beungeut hideung
Ari beuteung kembung pisan
Eusina ku seuneu hurung
Harta yatim digugulung

Sapuluh corob jeung lepra
Nu nganyeurikeun kolotna
Goreng ka indung bapana
Jaga nu bakal cilaka

Sabeulas jalma sihungan
Ari beuteung kembung pisan
Nu kitu sok mabok-mabokan
Jeung arak jadi langganan

Ari nu kaduabeulasna
Cahya lir bulan purnama
Nu soleh loba amalna
Bageur tur sae akhlakna

Judulna iyeu nadoman
Bade ngageuing pikiran
Sina inget ka dawuhan
Nabi Muhammad junjungan

Ku maca iyeu pepeling
Muga sing jadi panggeuing
Duh Gusti anu ngajaring
Siang weungina diaping

Terjemahan
----------------------

Bangkit dari kubur ternyata
Manusia jadi bermacam-macam
Beda dengan awalnya
Sebagaimana amalnya

Satu sebongkah badan
Gulang-guling hanya badan
Tidak berbuat baik pada sesama
Dengan tetangga tidak mau akur

Kalau yang keduanya
Dengan babi tidak ada bedanya
Ceroboh pada shalatnya
Meninggalkan dengan sengaja

Tiga yang perutnya kembung
Isinya api menyala
Tidak mau bayar zakat
Akhirnya akan menyesal

Kalau yang keempatnya
Darah mengalir dari mulutnya
Seperti itu akibatnya
Tidak jujur pada perdagangan

Kalau yang kelimanya
Badannya sangat bau
Yang maksiat di dunianya
Celaka di akhiratnya

Kalau yang keenamnya
Manusia bolong lehernya
Saksi palsu di dunianya
Celaka di akhiratnya

Tujuh manusia tanpa lidah
Sakitnya tak tertolong
Menolak kebenaran
Tidak takut sama Tuhan

Delapan yang jungkir balik
Vaginanya keluar nanah
Pada zina dilakoni
Tidak takut sama Tuhan

Sembilan yang wajah hitam
Perutnya sangat kembung
Isinya api menyala
Harta yatim dimiliki

Sepuluh penyakit kulit dan kusta
Yang menyakiti orangtuanya
Tidak baik ke Ibu Bapaknya
Kelak akan celaka

Sebelas manusia bertaring
Perutnya sangat kembung
Yang seperti itu suka mabok-mabokan
Dengan arak jadi langganan

Kalau yang keduabelasnya
Bercahaya seperti bulan purnama
Yang saleh banyak amalnya
Baik juga bagus akhlaknya

Judulnya ini puisi pupujian
Mau mengingatkan
Agar ingat ke sabdaan
Nabi Muhammad junjungan

Dengan membaca nasihat ini
Mudah-mudahan jadi peringatan
Ya Tuhan yang menyelamatkan
Menjaga siang dan malam


2 komentar:

  1. Salam kenal ti abdi. Majalengka.

    BalasHapus
    Balasan
    1. Muhun kake Guru, salam kenal ti Bogor, hatur nuhun tos mampir.
      Mugia dipaaprin nikmat sehat sadayana nya, Aamiin.

      Hapus

Kutipan Al-Quran Bahasa Sunda

  sundabogortea.blogspot.com Yeuh manusa! Saéstuna jangji Allah téh hak. Ku kituna poma maranéh ulah katipu ku kahirupan dunya, jeung poma m...