Kamis, 19 Maret 2020

Nadom Nurul Hikmah - RH Hidayat Suryalaga

Nadom Nurul Hikmah - RH Hidayat Suryalaga
https://sundabogortea.blogspot.com/


Nadoman atau pupujian adalah cara masyarakat Sunda mengagungkan Tuhan, Nabi Muhammad SAW, atau mengandung pesan moral bagi kemaslahatan dan keselamatan umat yang dilestarikan secara turun temurun. Dan mungkin yang biasa kita dengar hanya itu-itu saja, atau kitanya yang tidak tahu bahwa masih banyak pupujian yang belum pernah kita dengar lantunannya? Maka dilatarbelakangi keprihatinan RH Hidayat Suryalaga (w 2010) atas nadoman yang dilantunkan di Jawa Barat sedari dulu hanya itu-itu saja, maka terciptalah karya Nadoman Nurul Hikmah. Bait-bait syairnya terinspirasi dari ayat-ayat al-Quran. Semoga nadoman yang Beliau ciptakan menjadi amal shalehnya. Berikut beberapa contoh lirik "Nadoman Nurul Hikmah".



Ka Alloh abdi nyalindung, tina panggodana setan
Kalayan asma Nu Agung, Alloh Anu Welas Asih

- ALLOH -

(:78/1,2,3,4,5) 
 - rhs, 29 Jumadilawal 1424 H - 

Assalamu’alaikum, ka muslimin wal muslimat
Asalamu’alaikum, ka mu’minin wal mu’minat
Seja nyanggakeun nadoman, sumberna ayat Al-Qur’an
Juz anu ka tilupuluh, mugia jadi pituduh
An-Naba’ nami suratna, tujuhdalapan nomerna
Dupi nu jadi ayatna, kahiji dugi kalima
Anu kapir teu percaya, yen kiamat bakal aya
Pajar ukur nyingsieunan, nu kapir teh seuseurian
Padahal kiamat pasti, bakal cunduk hiji wanci
Nu uninga mung Ilahi, manusa mah moal ngarti
Mun kiamat enggeus cunduk, nu kapir bati ngaheruk
Kakara sadar jeung eling, elingna geus elat teuing
Nu mawi yeuh kanca mitra, urang teh wajib percaya
Engke dina hiji mangsa, kiamat pasti cundukna
Ti ayeuna urang tobat, samemeh dongkap kiamat
Mugi Alloh ngahampura, kana samudaya dosa

---

(:78/6,7)
- rhs, 30 Jumadilawal 1424 H -

Nadoman surat An Naba’, sareng nu jadi ayatna
Ayat genep sareng tujuh, eusina ngandung pituduh
Alloh Anu Maha Agung, Nu Kawasa sakalangkung
Nyipta bumi saeusina, sadaya damelana-Na
Ngagelar jadi daratan, sinareng ngaplak lautan
Gunung-gunungna ngajega, eta teh jadi paseukna
Jeung parentul pasir-pasir, pagunungan tingjalegir
Eta teh pikeun patokna, nyaimbangkeun ieu dunya
Kitu agungna Pangeran, anu nyipta bumi alam
Urang wajib takwa iman, ka Alloh Nu Maha Heman

---

(:78/8,9) 
- rhs, 1 Jumadilahir 1424 H -

Dangukeun ieu nadoman, kahaturkeun patarosan
Saha anu nyipta urang, nyipta wengi sareng siang
Sumangga geura diwaler, sangkan manah urang leler
Tambih panceg kaimanan, keur ngandelan kayakinan
Saha anu nyipta urang, ngahaja dipasang-pasang
Aya pameget jeung istri, nu engkena laki-rabi
Sareng saha nu mepende, urang teh tiasa sare
Ngalenggut raos nundutan, kulem tibra nanakeran.
Cik mangga geura waleran, sumangga geura lenyepan
Mahaakbarna Pangeran, Maha Welas Maha Heman.

---

(:78/10,11) 
- rhs, 2 Jumadilahir 1428 H -

Sumangga geura lenyepan, eusina ieu nadoman
Welas asihna Pangeran, seueurna tanpa wilangan
Mangsa magrib layung ngempur, palih kulon hurung mancur
Langit lir disipun emas, matak hebat matak waas
Poek mimiti ngalingkup, indung peuting geus ngarukup
Dur magrib muadzin adzan, sorana antare pisan
Nu sholat enggal sarumping, di disarung nu disamping
Ka mushola nu ka tajug, ka masjid pada ngajugjug
Ya Alloh ku ni’mat pisan, sujud payuneun Pangeran
Nampi nuhun ka Ilahi, anu maparin rejeki
Henteu lami tengah peuting, nu kulem tibra ngajempling
Dikirna marengan nafas, tibra kulrem bari iklas
Ya Alloh Ilahi Robbi, jog anjog wanci janari
Anu kulem gugah sakedap, solat tahajud teu hilap
Tengah wengi sujud sukur, ka Alloh Nu Maha Gofur
Sujud tobat ka Pangeran, hoyong lubar kalepatan
Ya Alloh Ilahi Robbi, nu tahajud sujud lami
Cisocana teh nyakclakan, sajadahna kabaseuhan
Sujudna teuing ku husu, dikir sajeoring kalbu
Pertobatna iklas pisan, miharep rido Pangeran
Aya anu kulem deui, nampi ni’mat ti Ilahi
Henteu lami adan subuh, gugah deui rada rusuh
Siram beberesih diri, abdas ku cai nu suci
Solat subuh di mushola, berjamaah sadayana
Teu lami dunya bray caang, panon poe hurung herang
Sadaya pada mariang, nu tatanen anu dagang
Usaha nyiar kipayah, da eta jadi tarekah
Ihtiar nyiar rejeki, paparin Ilahi Robbi

---

(:78/12,13,14,15,16) 
- rhs, 3 Jumadilahir 1428 H -

Ieu wargi sadayana, sumangga dangukeun heula
Ieu nadom kahaturkeun, dangukeuneun lenyepaneun
Sumangga tingali langit, wedel moal bisa disebit
Langit nyusun tujuh lapis, ku urang henteu katawis
Euleuh itu panonpoe, medal unggal-unggal poe
Ti wetan surya bijilna, di kulon engke surupna
Panonpoe palitana, nyaangan saalam dunya
Jadi cekas titingalan, dunya ngampar endah pisan
Henteu lami aya mega, kumalayang di angkasa
Langit ngadak-ngadak mendung, pihujaneun enggeus mayung
Teu lami hujan miripis, murupuy hujan girimis
Paralak hujan ngerepan, nyebor darat jeung tegalan
Geus kitu breng tutuwuhan, jararadi subur pisan
Ngemploh hejo titingalan, nu daunan nu kembangan
Tutuwuhan subur pisan, henteu lami baruahan
Cukul pisan pepelakan, patani barungah pisan
Kitu asihna Pangeran, ka mahlukna mikaheman
Nu mawi kedah sukuran, nampi ni’mat ageung pisan

---

(:78/17,18,19) 
- rhs, 10 Jumadilahir 1428 H -

Nu disebut poe Fashli, eta teh teu aya deui
Iwal ti poe kiamat, poe wawales teu lepat
Lajeng ditiup sangkala, kiamat dadak sakala
Sadaya mhluk palastra, pada ngaleupaskeun nyawa
Panto langit nembrak muka, sareng kabeh nyawa jalma
Lumebet ka eta panto, panto langit nu molongo
Poe Fashli bakal cunduk, bakal maot sugri mahluk
Sadayana tilar dunya, kiamat teh nya harita

---

(:78/20) 
- rhs, 10 Jumadilahir, 1428 H -
Ari dintenan kiamat, estu kajadian hebat
Dunya genjlong gunjang-ganjing, ngarandeg henteu nguriling
Gunung gunung tingbaliur, rabeng haliber kalabur
Tingsoloyong tingkoleang, tingbelesat ngawang-ngawang
Gunung-gunung teh baritu, sawareh pada diadu
Henteu aya anu nyesa, alam dunya jadi rata
Anu nyesa kari lebu, ngebul di dieu di ditu
Alam dunya ririakan, hawa panas nyongkab pisan

---

(:78/21,22,23) 
- rhs, 10 Jumadilahir 1428 H -

Poe Fashli poe ahir, cilaka jalma nu kapir
Nyawana teh matak watir, sabab hirupna mubadir
Ka naraka disuntrungkeun, seuneu panas disampakkeun
Sabab keur hirup di dunya, ka Alloh teu iman takwa
Di narakana teh langgeng, abadi saendeng-endeng
Panto naraka ditutup, panasna moal kauntup
Nu kapir disiksa beurat, langgeng keuna ku pangla’nat
Cilaka estu cilaka, nu kapir bakal disiksa

---

(:78/24,25) 
- rhs, 10 Jumadilahir 1428 H -

Lamun bae urang terang, anu kapir keur dipanggang
Dikulub jero naraka, estuning watir kacida
Maot henteu hirup henteu, diduruk jeroning seuneu
Halahab hanaang pisan, hayang nginum kapanasan
Nu aya cai ngagolak, panas pacampur jeung ruhak
Bau bangke matak utah, da pacampur reujeung nanah
Kitu gambaran naraka, nu matak urang sadaya
Kudu iman kudu takwa, ka Alloh Nu Maha Esa

---

(:78/26,27,28,29,30) 
- rhs, 13 Jumadilahir 1428 H -

Dangukeun ieu nadoman, pikeun jadi paringetan
Saha nu nolak Al-Qur’an, tangtuna kenging siksaan
Komo anu nyebut palsu, kana Al-Qur’an teu ngaku
Al-Qur’an disebut dongeng, nu kitu dosa singhoreng
Ari siksa nu katampa, saimbang reujeung dosana
Moal langkung moal kirang, siksaan bakal saimbang

---

(:78/31,32,33,34,35,36) 
- rhs, 13 Jumadilahir 1428 H -

Bagja teuing nu muslimin, keur muslim teh sarta mu’min
Jaga bakal ka sawarga, sabab iman sarta takwa
Sawarga teuing ku endah, patempatan matak betah
Seueur kembang seueur buah, estu matak tumaninah
Buah anggur ruruntuyan, cukul sakur kekebonan
Gelas kristal nu harerang, ngaleueut lamun hana’ang
Dijaga ku mojang geulis, lalucu sarta maranis
Di sawarga matak betah, teu aya pisan kasusah
Sawarga teh keur ganjaran, ka jelema anu iman
Alloh Anu Maha Heman, ka mahlukna anu iman

---

(:78/37,38) 
- rhs, 13 Jumadilahir 1428 H -

Gusti Alloh Nu Kawasa, Gusti Alloh Maha Esa
Pangeranna jagat raya, nu disembah ku mahlukna
Dina dintenan kiamat, jaga di alam aherat
Taya nu wani unjukan, iwal mun widi Pangeran
Malaikat nu ngajajar, sadaya wirid istigfar
Mun ku Alloh dipariksa, unjukan satarabasna

---

(:78/39) 
- rhs, 13 Jumadilahir 1428 H -

Eling-eling yeuh baraya, dangukeun ku sadayana
Nadoman penting kacida, matak kudu iman takwa
Ari perkara naraka, eta teh pasti ayana
Kahade ulah cangcaya, urang wajib percayana
Lamun hayang ka sawarga, atuh kudu iman takwa
Nyembah ka Alloh Nu Esa, ulah nyembah ka berhala

---

(:78/40) 
- rhs, 13 Jumadilahir 1428 H - 

Ieuh dulur sadayana, dangukeun nadoman heula
Eusina penting kacida, pamungkas surat An-Naba’
Ari kiamat teh pasti, bakal cunduk hiji wanci
Nembrak gawe unggal jalmi, sakabehna ge kaciri
Tah harita kajadian, anu kapir gogoakan
Amal gawe kabandungan, nembrak kabeh kasaksian
Leungeunna kabeh nyarita, naon nu dipigawena
Anggota badan lianna, jadi saksi ka dirina
Anu kapir teh careurik, hanjakal keur hirup musrik
Mending keneh jadi lebu, moal ngalaman hanjelu
Jadi taneuh mah teu nista, da tara milampah dosa
Jadi manusa mah nista, da bongan milampah dosa

---

NADOMAN NURUL HIKMAH, Tina Surat AN- NABA’



Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Kutipan Al-Quran Bahasa Sunda

  sundabogortea.blogspot.com Yeuh manusa! Saéstuna jangji Allah téh hak. Ku kituna poma maranéh ulah katipu ku kahirupan dunya, jeung poma m...