Senin, 16 Maret 2020

Lirik Nadhom Pupujian Sunda Ahli Kubur Ulah Dipohokeun



Lirik Nadhom Pupujian Sunda Ahli Kubur Ulah Dipohokeun

Kanjeng Rosululloh kantos ngadawuhkeun
Ahli kubur ulah osok dipohokeun
Margi saban waktu teu pegat ngarepkeun
Kasaean tinu hirup didugikeun

Saurna ya ala kusur ala kusur
Ala kusur ala kusur ala kubur
Anjeun senang-senang sare dina kasur
Naha teu emut ka kami ahli kubur

Coba sebat-sebat kasaean kami
Malah Mandar jadi pangbungah ka kami
Poma ulah nyebat kaawonan kami
Margi siksa karasana leuwih nyeri

Lieuk taneuh lieuk taneuh mung nyalira
Rasa sieun keueung jauh ibu rama
Mana rencang kamananya pala putra
Malah dongkap malaikat rek mariksa

Saur malaikat nanya, Man rabbuka?
Wa man nabiyyuka? Wa ma dinuka?
Wa ma kitabuka? Wa ma qiblatuka?
Mun salamet kana ngawaler tiasa

Dararongkap perkara anu kaliwat
Dosa heunte tolab, dosa ninggal solat
Dosa ngabid'ah sareng dosa maksiat
Dipariksa teu aya anu kaliwat

Terjemahan lihat video, aktifkan Subtitle Indonesia

#Nadhoman #Pupujian #Nadomansunda #Bahasasunda


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Kutipan Al-Quran Bahasa Sunda

  sundabogortea.blogspot.com Yeuh manusa! Saéstuna jangji Allah téh hak. Ku kituna poma maranéh ulah katipu ku kahirupan dunya, jeung poma m...