Tampilkan postingan dengan label AL-QURAN SUNDA. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label AL-QURAN SUNDA. Tampilkan semua postingan

Minggu, 22 Mei 2022

Kutipan Al-Quran Bahasa Sunda

 

sundabogortea.blogspot.com

Yeuh manusa! Saéstuna jangji Allah téh hak.Ku kituna poma maranéh ulah katipu ku kahirupan dunya, jeung poma maranéh ulah katipu ku tukang tipu dina (agama) Allah. 

(Q.S FÁTHIR: 5)


Saenyana dina kasusah (rohani) téh aya kabungah. Jeung saenyana dina karipuh (jasmani) téh aya kasenangan.
(Q.S AL-INSYIRÁH: 5-6)

Ku kituna masing sabar, karana saéstuna jangji Allah téh hak, jeung kadé ulah nepi ka jalma-jalma anu henteu yakin (kana benerna ayat-ayat Allah) ngarentagkeun manéh.
(Q.S AR-RÚM: 60)

Jeung sing saha anu takwa ka Allah, tanwandé Anjeunna ngagampangkeun dina urusanana.
(Q.S ATH-THALÁQ: 4)

Yeuh, jalma-jalma anu ariman! Masing inget ka Allah kalawan sing loba ingetna.
(Q.S AL-AHZÁB: 41)

Saéstuna Pangéran kaula anu kacida deukeutna,
jeung nu ngaijabah.
(Q.S HUD: 61)

Saéstuna lampah-lampah hadé téh ngalebur dosa lampah-lampah anu goréng.
(Q.S HUD: 114)

Senin, 11 April 2022

Terjemahan Al-Fatihah Bahasa Sunda

sundabogortea.blogspot.com


AL-FÁTIHAH

1. Kalayan asma-Na Allah, Nu Maha Murah, Nu Maha Asih.
2. Sadaya puji kagungan Allah, Pangéran nu murbéng alam sadaya.
3. Nu Maha Murah, Nu Maha Asih.
4. Nu kagungan dinten wawelas.
5. Mung ka Gusti abdi sadaya ibadah, sareng mung ka Gusti abdi sadaya neda pitulung.
6. Mugi Gusti maparin pituduh ka abdi sadaya kana jalan anu lempeng.
7. (Nyaéta) jalan jalmi-jalmi anu parantos dipaparin ni'mat ku Gusti, sanés jalan jalmi-jalmi anu kénging bebendon ti Gusti, sareng sanés jalan jalmi-jalmi anu salasar.

 

Minggu, 31 Mei 2020

3 Qul Pengantar TidurAL IKHLAS, AL FALAQ, AN NAS Arab dan Sunda


3 Qul Pengantar Tidur




Surat ka-112; 4 ayat
Diwahyukeun di Mekkah

Ka Alloh abdi nyalindung 
tina panggodana setan.

Kalayan asma-Na Allah, 
Nu Maha Murah,
Nu Maha Asih.

1. Pok caritakeun (Muhammad):
"Saéstuna Allah Maha Tunggal.
2. Allah pamuntangan (sakumna mahluk). 
3. Anjeunna henteu puputra 
jeung henteu dibabarkeun.
4. Jeung henteu aya hiji ogé anu nyaruaan Anjeunna."
__

Surat ka-113; 5 ayat
Diwahyukeun di Mekkah

Kalayan asma-Na Allah, 
Nu Maha Murah,
Nu Maha Asih.

1. Pok caritakeun (Muhammad):
"Kaula nyalindung ka Pangéran nu murbéng balébat subuh.
2. Tina kajahatan saniskara anu geus diyugakeun.
3. Jeung tina kajahatan peuting dina mangsa poék mongkléng.
4. Jeung tina kajahatan tukang niupan cangreud-cangreud (tukang tenung)
5. Jeung tina kajahatan nu hasud nalika hasudna."
__

Surat ka-114; 6 ayat
Diwahyukeun di Mekkah

Kalayan asma-Na Allah, 
Nu Maha Murah,
Nu Maha Asih.

1. Pok caritakeun (Muhammad):
"Kaula neda tulung nyalindung ka Pangéran nu ngaraksa-ngariksa manusa.
2. Rajana sakabéh manusa.
3. Pangéranna sakabéh manusa.
4. Tina kajahatan nu ngaharéwos, nu ngadodoho.
5. Anu ngaharéwos dina haté manusa.
6. Ti bangsa jin jeung manusa."
__

Rabu, 20 Mei 2020

Surah Al Fatihah - Arab & Sunda



AL-FATIHAH (BUBUKA) Surat ka-1; 7 ayat Diwahyukeun di Mekkah Ka Alloh abdi nyalindung tina panggodana setan. 1. Kalayan asma-Na Allah, Nu Maha Murah, Nu Maha Asih. 2. Sadaya puji kagungan Allah, Pangéran anu murbéng alam sadaya. 3. Nu Maha Murah, Nu Maha Asih. 4. Nu kagungan dinten wawelas 5. Mung ka Gusti abdi sadaya ibadah, sareng mung ka Gusti abdi sadaya neda pitulung. 6. Mugi Gusti maparin pituduh ka abdi sadaya kana jalan anu lempeng. 7. (Nyaéta) Jalan jalmi-jalmi anu parantos dipaparin ni'mat ku Gusti, sanés jalan jalmi-jalmi anu kénging bebendon ti Gusti, sareng sanés jalan jalmi-jalmi anu salasar. #AlFatihah

--------------------------------------------------------------

Kutipan Al-Quran Bahasa Sunda

  sundabogortea.blogspot.com Yeuh manusa! Saéstuna jangji Allah téh hak. Ku kituna poma maranéh ulah katipu ku kahirupan dunya, jeung poma m...