Senin, 13 April 2020

Nadoman Sunda Tarikh Nabi Muhammad Saw



Nadoman Sunda Tarikh Nabi Muhammad Saw

1) Bismillah abdi ngawitan
Sugrining puji sebutan
Hak Alloh nu ngarawatan
Rohmat salam ka panutan

2) leu maksad nu dipedar
Riwayat Nabi Almukhtar
Rosul panutup kawentar
Muhammad Habibul Goffar


3) Tipayun bade nerangkeun
Nasabna diperelekeun
Nu wajib dikanyahokeun
Ku umatna nu ngimankeun

4) Ramana Sayyid Abdulloh
Bin Sayyid Abdul Mutollib
Bin Hasim bin Abdi Manaf
Ibnu Qusoy putra Kilab


5) Ibuna Siti Aminah
Putra Wahab deuheus keneh
Bin abdi Manaf bin Zuhroh
Putra Kilab nu cikeneh

6) Putra Muroh putra Ka'ab
Putra Luay putra Golib
Putra Fihir putra Malik
Putra Nador Kinanah


7) Bin Chuzaimah bin Mudrikah
Ibnu Ilyas putra Mudor
Putra Nizar putra Ma'ad
Bin Adnan terah Ibrohim

8) Dibabarkeun di Mekkah
Wengi Senen taun Gajah
Rabi'ul awwal bulanna
Tanggal kadua belasna


9) Bulan Masehina puguh
April tanggal dua puluh
Taunna ge henteu ewuh
Lima ratus tujuh puluh

10) Rama kangjeng Nabi ngantunkeun
Waktos Nabi dibobotkeun
Di Abwa kacarioskeun
Nya didinya dimakamkeun


11) Nu ngurusan murangkalih
Kawit ku siti Aminah
Ku Suwaibah Aslamyyah
Teras ku Siti Halimah

12) Dina yuswa lima taun
Sareng yuswa genep taun
Aya dipangkon ibuna
Dicandak jarah lajengna


13) Ka Madinah dicandakna
Bani Najjar karuhunna
Ti jihat rama nasabna
Bari nadran ka ramana

14) Kenging sasasih lamina
Disambut kabina bina
Ku sadaya pamilina
Pada ngaraos lugina


15) Kocap dina waktos mulang
Di Abwa ibuna lanjung
Teras anjeuna dipayang
Dilandongan digugulung

16) Namung panyawatna parna
Teu aya pisan sudana
Malah dugi ka ajalna
Ibuna pupus didinya


17) Kangjeng Nabi teu aya Ibuna
Nalangsa kabina bina
Rama tipayun ngantunna
Tambih ku ibu ayeuna

18) Dawuhan Ummu Aiman
Amatna nu banget heman
Mangga ujang disarengan
Mulih ka eyang nepangan


19) Abdul Mutholib kagagas
Sumping putuna ngahelas
Kangjeng Nabi dirangkul teras
Bari murubut citangis

20) Calikna di kangjeng eyang
Dua taun kirang langkung
Kalayan kodar yang Agung
Teras pupus kangjeng eyang


21) Harita Nabi yuswana
Nuju dalapan taunna
Nya dirawat ku uana
Abu Tolib kakasihna

22) Ari kaayaan sepuh
nya kaetang kirang mampuh
pikeun ngabantuan sepuh
kangjeng Nabi ngangon buburuh


23) Nabi ayeuna di ua
teu pisan aya kuciwa
barang geus ampir sawawa
dua belas taun yuswa

24) Ku ua di candak dagang
ka Nagri Syam dayeuh anggang
di palebah tanah Busro
katingal ku Buchairo


25) Hiji pandita Nasoro
elmuna seueur tur jero
ku anjeunna sidik atra
ciciren Nabi katara

26) Teras anjeuna nasehat
aranjeun dagang tong kebat
di jdan loba nu megat
nu hianat maksud jahat


27) Abu Tolib enggal mangkat
bener eta teh mupakat
ka Mekkah mulihna kebat
berkah di jalan salamet

28) Adat istiadat kangjeng
unggal saat lucu majeng
tara sungkan talang tulung
sumawonten kanu bingung


29) Sareng tara humaregung
nyebat lapar komo pantrang
tebih tina linyok bohong
banget isin ku yang Agung

30) Adeg salirana necis
cahyana gumilang manis
damisna lir kembang eros
waosna bodas ngaberes


31) Mun mesem lir inten jamrut
na baham cahya murubut
ngahudang naik pangirut
abong enya candra mawat

32) Kacatur waktos harita
Abu Tolib sisa harta
teras ka Kangjeng nyarita
ayeuna kumaha peta


33) Kapan ua teh geus kolot
ua istri ge geus peot
kumaha mun ua maot
ujang saha nu ngarawat

34) Jeung ujang teh geus sawawa
meujeuhna kagungan garwa
ngan ua sanajan doa
tapi naon nu dibawa


35) Kangjeng Nabi tungkul ngeluk
cisoca rambisak cipruk
ras emut ka ibu rama
kabayang ku jiwa sukma

36) Kocap di nagara Mekkah
aya hiji istri berkah
leur menak hartawan rongkah
kawuwuh ampuh jeung timpuh


37) Geulis rupi hade manah
balaba nyaah ka semah
mustika istri di Mekkah
jenengan Siti Chodijah

38) Kacaturkeun Gusti Rosul
ka Siti Chodijah usul
manawi kabiruyungan
rek ngayuh barang dagangan


39) Enggalna Gusti Rosul teh
dagang ka Syam nagri jauh
dagangna teu wudu payu
batina mang rebu-rebu

40) Siti Chodijah kataji
ku kangjeng Nabi nu pinuji
sarta manahna teu tahan
wakca kedal kawalahan


41) Ka Nabi mundut ditikah
keukeuh sarta pasrah lillah
pasrah harta pasrah raga
mangga teu ngaboga boga

42) Sarengsena akad nikah
teras ngayakeun walimah
ti langit aya soara
saolah-olah bewara


43) Nikahna istri nu surti
ka pemeget anu suci
nu sami budiman harti
sarta karidoan Gusti

44) Dina yuswa tilu puluh
kajadian Ka'bah rubuh
lajeng kaom gotong royong
ngaradegkeun pada hoyong


45) Ngan hanjakal aya cacad
dina masang Hajar Aswad
kaom-kaom wilih cawad
parasea sili cempad

46) Teras ku Kangjeng diputus
kabeh rido sarta lulus
kangjeng Nabi gelar Al-Amin
ku kaomna ditibanan


47) Dina yuswa opat puluh
kangjeng langkung-langkung ampuh
jeung sering mendak nu aneh
hauf suara alebreh

48) Totonden jalmi sinelir
karesep nyingkur tapakur
neuteup gunung balulistir
ngalugay pepeteng dohir


49) Tengah peuting jemplang-jempling
nyacat saga lungkawing
angin tiis ngadalingding
katingal bentang baranang

50) Tilu mil ti kota Mekkah
kencaeun jalan ka Arfah
aya jabar Nur merenah
guha Hiro nu katelah

51) Kangjeng Nabi didinya nyepi
teras wahyu katampi
tanggal tujuh belas romdon
Surat Iqro nu ngawitan

52) Sedengkeun jalma di Arab
harita keur campuh nyasab
jol wahyu asa direrab
rasana dibawa nyasab


53) Dina lebet tilu taun
Islam teh majuna laun
da'wahna susulumputan
dapuguh seueur cegatan

54) Anu pangheulana iman
Chodijah istri budiman
teras Ali putra paman
Sayyid Abu Bakar Usman


55) Abdurohman, Sa-id Zuber
Ubaidah sareng Jafar
salajengna teras ngabrul
nu ariman ngaburudul

56) Ku sueurna anu Iman
Musrikin rasa teu aman
jol fitnah reujeung rintangan
jeung pirang-pirang ancaman

57) Taun lima kanabian
pirang pirang kajadian
mangrupa-rupa ujian
ka Nabi jeung ka Mu'minin

58) Serangan musrikin hebat
majeng henteu pegat-pegat
mu'min seueur nu teu kiat
dugi ka seueur nu maot


59) Kangjeng Nabi miwarang hijrah
ngungsi ka Nagara Habsyah
muslimin nungtut parindah
ngarantunkeun Nagri Mekkah

60) Langkung ti dalapan puluh
jaler istri anom sepuh
sayuid Usman sobat pengkuh
nyandak garwa najan ripuh

61) Muslimin ngarasa ewuh
nandangan bancang pakewuh
unggal dinten tambah meuweuh
mingkin sengit henteu reureuh

62) Kangjeng Nabi lajeng munajat
ka hadrot nu murbeng jagat
mugi-Islam diperkuat
kalawan kurnia hadrot


63) Sayyid Umar sareng Hamzah
lalebet Islam sumerah
atuh musrikin marundah
amarahna tambah rongkah

64) Kangjeng Nabi sareng sohabat
kantos ngalaman dibekot
malah kungsi diasingkeun
disingkirkeun dihinakeun

65) Taun tujuh kanabian
hijrah ngadua kalian
ka Habsyah sablas wanita
tujuh puluh tilu pria

66) Musrikin Mekah ngadongsok
Raja Habsyi rek disogok
asal muslimin pulangkeun
tapi Raja teu keresaeun

67) Dina taun ka sapuluh
Abu Tolib anu teguh
ua anu banget nyaah
nya mulih ka Rohmatulloh

68) Heuleut sawatara dinten
teu acan oge sebulan
Siti Chodijah garwana
pupus ngantun carogena

69) Istri nu banget bumela
kumereb teu ngijing sila
istri tukang ngabeberah
mun kangjeng Nabi nuju sesat

70) Ku pupusna anu dua
anu belana sarua
kangjeng Nabi ngangiuh sungkawa
sumpeg manah teu kawawa


71) Malah nelah taun huzun
tegesna taun prihatin
taun giung sedih kingkin
ujian lahir jeung batin

72) Nurustunjung nu musrikin
talajakna ebreh yakin
istuning merajalela
jongjon euweuh nu ngabela


73) Ceuk pikirna lakadala
ayeuna Muhammad bahla
malah geus pada sawala
Muhammad rek dipahala

74) Geusan ihtiar tarekah
kangjeng Nabi ka Toip hijrah
sareng Zaed bin Harisah
sakantenan bari da'wah

75) Tapi ieu oge gagal
urang Toip teh naragal
malah nenggoran ku batu
kangjeng Nabi dugi katatu

76) Teras kangjeng Nabi angkat
bari ka Alloh munajat
duh Gusti mugi nuduhkeun
ummat abdi teu terangeun


77) Taun sablas kanabian
Isro Mi'raj kajadian
Rajab malem tujuh likur
mungguh kaol anu mashur

78) Isro Mi'raj disambutna
ku kaom teh warna-warna
ay a anu nyebut sasar
aya anu nyebut sihir


79) Aya anu hemar hemir
rek percaya tapi samar
Abu Bakar mah teu nampik
nya digelaran Assidik

80) Di Mekkah jadi tagiwur
Islam jalanna teu lancar
nu puguh mah matak paur
ancaman ti kaom kufur


81) Kalayan kurnia Alloh
Islam kedah sumarambah
sumping tamu ti Madinah
ti Bani Chojroy kobilah

82) Genepan ngamaksad jarah
ngadeuheus ka Rosululloh
teras maraca sahadat
sarengsena mulih geuwat


83) Islam di Madinah jalan
ku jasana nu genepan
malah ngutus deui jalmi
dua belas nu utami

84) Teras ku Nabi dibe'at
di Aqobah ngaran tempat
ngayakeun jangji nu hebat
nganggo sumpah mabrih kuat


85) Taun dualas Nubuwwah
sumping deui ti Madinah
tujuh puluh lima jumlah
beat deui di Aqobah

86) Ku Musrikin kanyahoan
urang Madinah ariman
atuh musrikin ambekna
hebat lain dikieuna


87) Kapaksa sohabat pindah
narungtutan ka Madinah
kantun Ali Abu Bakar
sareng Nabi tacan jengkar

88) Abu Bakar mahabbahna
ka Nabi kabina-bina
leuwih ka kulawargana
malah leuwih kadirina


89) Saba'da Chodijah nilar
nikah putra Abu Bakar
ka siti Aisyah tea
geusan ngokohkeun baraya

90) Taun dua las nubuwwah
kagentingan tambah meuweuh
sumping wahyu kedah ngalih
hijrah ka nagri Madinah


91) Abu Bakar didamian
pikeun ngatur perjalanan
onta jeung nu tuduh jalan
kitu deui bebekelan

92) Nabi angkatna janari
ngalangkungan nu sarare
padahal eta teh musuh
nu maregat rek ngabunuh


93) Isukna musuh galuyur
nu diantos teh geus lungsur
ngan kari Ali sorangan
musuh ribut nareangan

94) Kangjeng sareng Abu Bakar
nyararumput di guha Tsur
Abu Bakar banget paur
ngadangu musuh di luar


95) Tapi musuh henteu nyangka
Nabi nyumput jero guha
sanggeus tilu dinten nyumput
ka Madinah teras angkat

96) Henteu kocap di jalanna
dugi ka Quba angkatna
tilu mil deui ka tepi
Amar bin Auf nu nampi


97) Kangjeng Nabi didinya liren
kenging opat belas dinten
teras nyebarkeun agama
disambut ku jalma-jalma

98) Malah didinya ngadegkeun
masjid digotong royongkeun
nu kaitung pangpayunna
masjid Attaqwa ngarana


99) Dua belas Mulud cenah
Nabi sumping ka Madinah
disambutna estu hebat
dipestakeun dihalormat

100) Didinya terus ngadegkeun
masjid digotong royongkeun
sarta pohara gedena
masjid Nabawi nelahna


101) Muhajir anu ti Mekkah
sareng Ansor ti Madinah
ku kangjeng Nabi dihijikeun
diatur disaluyukeun

102) Yahudi teh di Madinah
mangpirang-pirang kobilah
ku kangjeng Nabi diakuran
diayakeun pangaturan


103) Di Madinah Islam jaya
aman teu loba bahaya
akur campur loba dulur
gemah ripah subur ma'mur

104) Tapi aya-aya bae
sanajan aturan sae
aya nu Islamna palsu
nu munafiq cara asu


105) Nu dipimpin ku Abdulloh
bin Ubay si la'natulloh
Yahudi jeung munafiqin
ngarasut ngabaruntakeun

106) Hubungan musrik Mekkah
nu keur hurung napsu rongkah
nu mobok manggih gorowong
maksudna asa kasorong

107) Sanggeus ayat perang turun
tina hijrah dua taun
Nabi ka sohabat miwarang
hayu urang maju perang

108) Abu Jahal mimpin Qures
sarebu leuwih ngabaris
muslimin mah ngan ngadalis
tilu ratus tilu belas


109) Di Badar der campuh perang
sili panah ting salemprung
sili tumbak sili gobang
sili gada sili pentung

110) Nu taratu ting garerung
ting koceak menta tulung
malah loba anu gugur
nu borangan mah kalabur


111) Anu tiwas ti musrikin
tujuh puluh anu yakin
Abu Jahal ge kasambut
nyawana beres paragat

112) Ti muslimin opat belas
nu sahid nu pada ihlas
mulangna ka Rohmatulloh
meunang jaminan ti Alloh


113) Taun tilu tina hijrah
perang Uhud nu katelah
ieu ge Alhamduhllah
kaum musrikin nu kalah

1 14) Taun hijrah ka limana
perang Chondaq nu jadina
nu kamashur perang Ahzab
riwayatna dina kitab


115) Taun genep tina hijrah
Nabi jeung sohabat ka Mekkah
sarebu pat ratus jumlah
bade haji sareng umrah

116) Barang dugi tepis wiring
ka Nabi aya salenting
urang Mekkah rek ngahalang
meureun ngarasa hariwang

117) Nya ngayakeun musawarah
kangjeng sareng urang Mekkah
di palebah Hudebiyyah
hasil runding kieu cenah

118) Hiji moal peperangan
dijero sapuluh taun
kadua taun ieu mah
tong tulus jarah ka Mekkah


119) Sareng seueur-seueur deui
henteu disebat didieu
enggal kangjeng Nabi mulang
sareng sohabat ngalabring

120) Sasumpingna ka Madinah
Nabi da'wah kanu jauh
nganggo perantara surat
ka para raja jeung pangkat


121) Warna-warna anu nyambut
aya nu iman nu nurut
aya nu ambek berengut
aya anu ngajak gelut

122) Taun tujuh Zul Qoidah
Nabi jeung sohabat ka Mekkah
dua rebu muslim jumlah
bade kodo haji umrah


123) Berkah taya kajadian
margi nurut perjanjian
malah loba musrik Mekkah
arasup Islam sumerah

124) Taun tujuh sasih Safar
nempuh Yahudi di Chebar
nu ngalawan gemprah bangkar
nu takluk dibere omber


125) Taun ka dalapan hijrah
kajadian perang Mut'ah
Jumadil Awwal katelah
Muslimin unggul berekah

126) Roncom ka dalapan hijrah
kangjeng Nabi angkat ka Mekkah
nyandak balad anu rongkah
sapuluh rebu di jumlah


127) Rek ngagempur kafir Mekkah
da bongan wani ngarobah
perjanjian Hudebiyyah
bari curang bangkawarah

128) Musrik Mekkah nu tadina
ka Muslim ngahina hina
nganyenyeri samemena
nyieun fitnah salilana


129) Barang ningal balad Rosul
nakleuk ngaguruh murudul
musrikin kabeh gogodeg
gugup geumpeur jeung ngadegdeg

130) Taya nu wani ngayonan
da puguh lain lawaneun
Samalahan Abu Sufyan
harita manehna iman


131) Tapi aya sapasukan
ngalawan bakat ku sungkan
asup Islam henteu sanggup
kajeun paeh batan nurut

132) Nu dipimpin ku Ikrimat
bin Abu Jahal si la'nat
dua ti muslimin korban
ti kafir dua dalapan


133) Geus beres Nabi nalukkeun
patung di jungkel-jungkelkeun
ra'yat nu sok nganyerikeun
di hampura dibebaskeun

134) Masih taun ka dalapan
bulan Sawwal perang Hunen
perang hebat pada kuat
ampir muslimin barirat


135) Namung berkah henteu kalah
malah musrikin sumerah
gonimahna estu rongkah
ngitungna ge matak seunggah

136) Domba opat puluh rebu
jeung tawanan genep rebu
dua puluh dua rebu
onta bikang sareng jalu


137) Opat ratus gram perak
ngagunduk bodas marakbak
sareng seueur-seueur deui
teu diterangkeun didieu

138) Pang ahirna peperangan
nu ku Rosul disarengan
perang Tabuk nu katelah
Rajab ka salapan hijrah


139) Taun ka sapuluh hijrah
kangjeng Nabi jarah ka Mekkah
saratus rebu jama'ah
ngalabring ngeungkeuy ngaguruh

140) Haji wada katelahna
haji anu pangahirna
harita Nabi nasehat
panjang tur pohara hebat


141) Nerangkeun jalan akherat
oge jalan masyarakat
sangkan ummat pada ni'mat
ti dunya dugi ka akherat

142) Hukum Islam geus sampurna
kitu deui sareatna
teu aya pisan kurangna
kantun ngajalankeunnana


143) Harita Islam cahyana
sumirat sabubuana
seungit lain dikieuna
nerekab ka mana-mana

144) Nabi geus seep tugasna
ngadugikeun risalahna
bari nyumponan mistina
teu aya pisan mencogna


145) Hijrah taun ka sabelas
Senen tanggal dua belas
Rabi'ul awwal bulanna
Nabi ngantun alam pana

146) leu riwayat parantos
namung kacida diringkes
saupami palay paos
kitab ageung bae aos



Kamis, 09 April 2020

Nadom Hirup Di Dunya Ukur Ngumbara


Nadom Hirup Di Dunya Ukur Ngumbara 


Ya Robbi Pangeran Abdi Nabi Muhammad Nabi Abdi Agama Islam Agama Abdi Kitab Qur'an Panutan Abdi. Mu'min Pameget Mu'min Istri Eta Kabéh Dulur Abdi Hayu2 Urang Ibadah Meumpeung Masih Keneh Hirup. Badan Kur Hiji Dibawa Mati Ka Gusti Nu Maha Suci Di Dunya Kudu Areling Ulah Kawas Sapi Munding. Leuwih Sieun Leuwih Keueung Kaayaan Di Jero naraka Oray Kores Kalajeungking Rante Seuneu Kalabang Seuneu. Oray Seuneu Gegendir seuneu Nawisan Jalma Doraka Tara Solat Lima Waktu Tara Zakat Tara Puasa. Leuwih Seneng Leuwih Bungah Kaayaan Di Jero na surga Tujuh Puluh Bidadari Kasur Emas Sing Jelegur. Korsi Emas Ranjang Kancana Kelambu Sutra Di Teretes Inten Nawisan Jalma Nu Bakti Ka Allah Nu Maha Suci.


"Ya Allah Ampunilah segala kesalahan Mak Mae, dan terimalah segala amal kebaiknnya, serta tempatkanlah beliau di tempat terbaik di sisiMu. Berilah beliau ampunanMu dan RahmatMu, Aamiin Ya Allah Ya Robbal Alamin."
(Al-Fatihah untuk Mak Mae)


Sabtu, 04 April 2020

Nadom Barjanji dan Terjemahannya

Allahuma Soli Wasallim Wabarikallaih


1) Waktos Allah ngalahirkeun Nabi urang
Kalayan rupa nu hebat lucu pisan
Gusti Allah miwarang malaikat
Jurukeun hiji ngabarkeun ka ahli langit


2) Sareng ka ahli bumi yen Rasulullah
Tos aya dina rahim Siti Aminah
Tanah Arab anu keur meujeuhna halodo
Ngadadak hujan tatangkalan harejo

3) Beda sareng ti taun-taun kapungkur
Sato darat sato cai ngadak-ngadak
Mararijah tingalajret hilir mudik
Mararijah tingalajret hilir mudik


4) Malah sakabeh bangsa Jin suka bungah
Iwal tukang tenung sareng tukang torah
Elmuna teh carambal hanteu marempan
Sarta ngarasa reuwas keueung jeung sieun

5) Para Pandita anu apal kana kitab
Nyarioskeun yen bakal datang ti Arab
Hiji Nabi anu tos jadi utama
Jeung Nabi Muhammad Nabi panungtung


6) Dina hiji wengi Aminah teh ngimpen
Aya nu sumping sarta nyarioskeun
Anjeun Aminah ayeuna ngabarkeun
Gustina Alam Muhammad anu pilihan

7) Dina waktos ngabobotkeun dua sasih
Ramana Abdullah pupus di Mekah
Dipedalkeunana Kangjeng Nabi memeh
Pajar pawai Isnaen Mulud taun Gajah

8) Disesepan ku ibuna tujuh dinten
Ti dinya ku Suaebah diteraskeun
Sabadana disesepan ku Suaebah
Kangjeng Nabi disesepan ku Halimah

9) Saparantos Halimah nyusuan Nabi
Tina awal susu lepet kurang cai
Jadi beuneur peungkeur jadi lintuh
Cisusu teras kaluar mani pinuh


10) Nu tadina sagala kurang ngadadak
Ingon-ingon onta domba mararontok
Dina yuswa Nabi Muhammad sadinten
Sami sareng nu sanes umur sabulan

11) Tiasa ngadeg dina yuswa tilu bulan
tiasa mapah dina yuswa lima bulan
Salapan bulan tos tiasa nyarios
Eta kitu saur kaol nu parantos


Terjemahaan

1) Ketika Tuhan menurunkan Nabi kita
Dengan wajah yang sangat tampan
Tuhan menyuruh malaikat
Turunkan dan beritahulah ahli langit


2) Dan kepada ahli bumi bahwa Rasulullah
Sudah ada dalam kandungan Siti Aminah
Tanah Arab yang sedang kemarau
Tiba-tiba turun hujan pohon-pohon menghijau

3) Berbeda dengan tahun-tahun yang lalu
Semua binatang darat dan air serentak
Bersuka ria bergembira kian kemari
Bersuka ria bergembira kian kemari


4) Begitu pula semua Jin bersukaria
Kecuali juru tenung dan juru ramal
Ilmunya menjadi tidak bertuah lagi
Serta merasa terkejut takut dan ngeri

5) Para pendeta ahli kitab
Menuturkan bahwa akan datang dari Arab
Nabi yang paling utama
Nabi Muliammad itu Nabi terakhir


6) Pada suatu malam Siti Aminah bermimpi
Ada yang datang serta menceritakan
Ya Aminah Engkau akan melahirkan
Muhammad terpilih menjadi penguasa alam

7) Ketika mengandung umur dua bulan
Ayah bayi yang dikandung meninggal di Mekah
Dilahirkannya Nabi sebelum
Waktu fajar hari Senin, Maulud, tahun gajah


8) Ibunya menyusuinya selama tujuh hari
Selanjutnya oleh Suaebah
Setelah disusui oleh Suaebah
Maka Nabi disusui oleh Halimah

9) Setelah Halimah menyusukan Nabi
Semula susunya tidak berair
Menjadi subur dan menjadi gemuk
Air susunya keluar dan sangat banyak


10) Yang tadinya segala kekurangan tiba-tiba
Peliharaarmya menjadi gemukgemuk
Ketika Nabi berusia sehari
Sama dengan yang lain berumur sebulan

11) Dapat berdiri pada umur tiga bulan
Dapat berjalan pada usia lima bulan
Umur sembilan bulan sudah berbicara
Demikianlah kata yang menuturkan

Sunda Bogor

Nadom Ibadah Ulah Campoleh dan Terjemahannya

Ibadah Ulah Campoleh


Ibadah Ulah Campoleh


1) Eling-eling dulur kabeh
ibadah ulah campoleh
beurang peuting ulah weleh
bisina kaburu paeh

2) Karasana keur sakarat
hanjakal kaliat-liwat
hanteu ngalampahkeun salat
ka ibadah teh sok helat


3) Kaduhung kaliwat langkung
hanteu nyembah ka Yang Agung
dina kiamat bingung
urang teh teu meunang embung

4) Diiring ku malaikat
sakur jalma nu dilaknat
di dunya lampah maksiat
tara ngalampahkeun solat


5) Malaikat ngiring sadaya
ngiringkeun ka naraka
nyandak jalma nu disiksa
kana solat lalawora

6) Memeh diiring si jalma
di rante heula leungeunna
dibeulitkeun kana awakna
ti naraka rante nyandakna


7) Malaikat kabeh neunggeulan
jaba nitah hanteu ngeureunan
ku tina banget siksaan
dugikeun ajurna badan

8) Paeh hanteu hirup hanteu
sanajan dugi ka surup
nu matak kudu nasarup
ibadah kudu nasaup

9) leu syairan geus sayagi
kenging nukil tina kurtubi
urang kudu masing kaharti
ibadah kudu gumati

10) Di ahir ngarasa rugi
sanajan nu getol ngaji
zakat sareng munggah haji
teu lampah solat mah rugi


Terjemahan

1) Saudara-saudara sadarlah
jangan mengabaikan ibadah
siang malam janganlah mengabaikan
kalau-kalau mati lekas datang


2) Akan terasa ketika sekarat
sayang sekali selalu dilewat
salat selalu ditinggalkan
ibadah itu selalu terlambat

3) Menyesal tiada terhingga
tidak menyembah Tuhan Yang Agung
kiamat itu sangat bingung
kita tak bisa/boleh menolak


4) Malaikatlah yang menggiring
semua orang yang kena laknat Tuhan
ketika hidupnya selalu maksiat
tidak pernah mengerjakan salat

5) Semua malaikat mengikuti
menggiring ke neraka
membawa orang yang kena siksa
salatnya selalu abaikan


6) Sebelum orang-orang itu digiring
tangannya dibelenggu dahulu
badannya pun dibelit rantai
rantai diambil dari neraka

7) Semua malaikat memukulinya
dan perintah tak henti-hentinya
karena beratnya siksa itu
seluruh tubuh menjadi hancur


8) Mati tidak hidup pun tidak
meskipun sampai surup (?)
karenanya harus nasarup (?)
ibadah itu harus nasauf (?)

9) Syairan ini sudah cukup
diambil dari kurtubi
hendaknya kita mengerti
lakukanlah ibadah dengan saksama


10) Nanti kita akan merugi
meskipun selalu mengaji
zakat dan naik haji
rugilah mereka yang tidak salat

Sunda Bogor

Jumat, 03 April 2020

Kamus Sunda - Indonesia Abjab A

 Kamus Sunda - Indonesia Abjab A


Aa, aka, akang, kakang: Kakak Laki-laki

Aber, ngaber, aber-aberan: Bepergian/bermain-main ke tempat yang jauh

Ablag: Terbuka, Ngnblag: Terbuka terus

Ablu, ngablu: Pergi main ke mana-mana, kerja tak keruan (tanpa tujuan)

Abong, abong-abong; abong deui; abong kena: Biasa dikatakan apabila dirasa ada hal yang kurang enak atau kurang tepat

Abreg; ambreg, ngabreg: (orang banyak yg) datang bersama

Abret, ngabret, abret-abretan: Lari sambil meloncat-loncat

Abring, ngabring: (serombongan orang) berjalan bersama-sama

Abrug, abrug-abrugan: Tidak mau diam dan meronta-ronta

Abrul, ngabrul: Ke luar atau pergi bersama-sama

Abur, diabur: Dibiarkan menncari makanan sendiri (binatang)

Abus: Masuk ke dalam

Acan: Belum

Aceuk perubahan dr lanceuk: Panggilan kpd kakak perempuan utau yg lebih tua

Acleng: Pelanting. ngacleng: Terpelanting

Aclog, ngaclog: Melompat

Acos, ucas-acos: tidak masuk-masuk ujung sesuatu yg akan dimasukkan ke dalam luhang (memasukkan benang ke luang jarum dsb):

Acreug, Acreug-acreugan: Meloncat-loncat ke atas

Adeuh: Pertimbangan; perasaan hati-hati

Adigung: Takabur; meninggikan diri karena merasa lebih pintar atau lebih kaya; Adigung-adiguna: Sangat takabur

Adug, Adug-adugan: Meronta-ronta

Aduy: Hampir hancur

Aeh: Kaget/merasa heran. Diaeh-aeh: Dianggap aneh. Ngaeh: Tidak henti-hentinya meminta sebelum dikabulkan

Aeuk, Aeuk-aeukan: Menangis dengan suara keras, lama dan seperti dilagukan.

Agag, Agag-agagan: Ragu-ragu melakukannya

Ageh-agehan: Sisihkan sebagian buat yg lain

Agreng: Besar dan bagus serta teratur

Agul: Bangga/suka pamer kelebihan atau kekayaan

Aheng: Aneh/ajaib

Aing: Saya/aku (bahasa kasar)

Ais, ngais: menggendong di amping badan dengan kain panjang

Ajang/jang: Untuk/bagi/buat

Ajen: Nilai/harga

Ajle, ajle-ajlean: Meloncat-Ioncat dng sebelah kaki

Ajleng, ngajleng: Loncat/meloncat

Ajol, ngajol: melompat secara mendadak

Ajrag: lonjak. Ajrag-ajragan: melonjak-lonjak karena kegiarangan

Ajret, ajret-ajretan: Lari dan meloncat-loncat (spt anak kambing)

Ajrih(bahasa kasar): Malu/segan (karena wibawa seseorang)

Ajrug, ngajrug: Meloncat melewati di atas

Ajrut, ngajrut: Loncat ke bawah

Ajul: jolok. Ngajul: Mengambil buah-buahan dng galah

Ajur: Hancur berkeping-keping

Akey, akey-akeyan: Tertawa terpingkal-pingkal

Akeul, ngakeul: Membalik-balik nasi yg baru diangkat dr kukusan sambil dikipasi supaya dingin dan pulan

Akeup, ngakeup: Menggendong pd dada (anak)/Mendekapi

Akut, ngakut: Mengangkut

Ala, ngala: Memetik; menangkap; mencari; mengambil

Alah: Aduh. Alah batan/alah manan: Lebih dari (pada)

Alangah, alangah-elengeh: Tersenyum-senyum

Aleng-alengan: Menangis keras dan lama

Alesan: Alasan/sebab

Aleu, ngaleu: Bersuara panjang dan dilagukan

Aleut, ngaleut: Berjalan beriringiringan; berduyun-duyun

Alewoh: Berbiara terus; bercerita agak cepat dan ribut sambil tak berhenti-henti

Alih, ngalih(bahasa halus): Pindah. Ulah-alih: Berpindah-pindah

Aling, aling-aling: Sekat/penghalang

Alit (bahasa halus): Kecil. Pangalitan: Manja

Alo: Keponakan; kemenakan, anak kakak

Alon: 1. Pelan-pelan; perlahan-lahan; lambat-lambat. 2. Lirih; lembut

Alpukah: Inisiatif; gagasan

Aluk: Lebih baik

Alung, ngalungkeun: Melemparkan

Alur: Bekas yg memanjang di permukaan tanah

Alus: Baik; bagus

Amacak: Berserakan

Amat, pageto amat: Sehari sesudah lusa

Ambah, ngambah: Melalui, mengarungi, menuju ke, mencari jalan ke

Ambal, ambal-ambalan: Keras dan lama

Ambarayah: Berantakan dan kotor

Ambat, ngambat: Menyebut-nyebut nama orang lain sbg teman pd waktu melakukan kejahatan

Ambay; ngambay: Terjuntai

Ambek: rasa marah karena kesal

Amben: I bangku; dipan; balai-balai; 2 beranda; serambi

Ambeng, ngambeng: Menyajikan makanan

Ambeu: Bau. Ngambeu: Mencium; Ngambeuan: Sengaja mencium baunya (harumnya)

Ambleng: Lama sekali tiada kabar berita

Ambles: Masuk semua ke dalam lumpur dsb ; amblas

Ambrug: Runtuh; ambruk

Ambucuy: Ranum

Ambul, ngambul: Muncul dr (dl air)

Ambung (bahasa lemes): Mencium (bau; wangi)

Amburadul: Rusak dan berantakan

Amburatel: Menjalar

Amen, ngamen: Mencari nafkah dng mempertontonkan keterampilan at kesenian spt tari topeng, nyanyi

Ameng (bahasa lemes): Main; bermain-main; 2

(bahasa setempat artinya) penca silat

Amis: Manis. Amis kopi/amis jambu: Agak manis. Amis daging: Mudah ketularan penyakit kulit (kudis, borok); Amis cau: Rambut tipis pd dahi anak gadis remaja

Amit, Pamit, Pamitan: Permisi; minta diri; minta izin

Amlongan: Becek karena air tergenang

Ampar: Hampar

Ampeg: Berat berisi

Ampet, ngampet: 1 sengaja menyumbat (saluran air, got, dsb): 2. menghentikan mencret

Ampeuh: Tahan. Kaampeuh: Tertahan

Ampih, ngampih: Ke rumah/kandang pd sore hari

Amprok: Bertemu; berjumpa; Paamprok: Saling bertemu dng tidak diduga-duga terlebih dahulu. Diamprokkeun: Sengaja dipertemukan; dijodohkan

Amprut, amprut-amprutan: Berjalan jauh kadang-kadang tanpa melalui jalan yg biasa dilalui orang; memintas-mintas

Amrih: Maksud; niat hati; Mamrih: Ada maksud (tujuan)

Amuk; ngamuk: Mengamuk

Amung; mung; namung (bahasa lemes): Hanya

Ana: kalau

Anca: pelan

Andarawang, andaraweng-andareweng: keras kepala membawa kehendak sendiri

Andes; diandeg ditahan tidak boleh pulang

Andekak: duduk sila dilebarkan

Andeprok: duduk bersimpuh rapat tanpa alas

Andih; ngandih: merebut tempat atau jabatan orang lain

Andihi: tambun; sangat gemuk (orang yg sudah dewasa)

Andika (bahasa lemes): Kamu/engkau

Andon: Iklas

Andum: Membagi/memberi

Angar: tandus/gersang

Angas/gangas: Kejam

Angen: Ulu hati

Angeun: Sayur

Anggah-unggah: Tata krama

Anggal: Sebelum

Anggana: Sendiri

Anggang: Renggang

Anggaresol: Tidak rata

Anggel: Bantal

Angger: Tidak berubah

Anggeus: Selesai

Anggit, nganggit: Mengarang puisi

Angkara: 1. Marah/murka 2. Serakah

Angkaribung: Banyak bawaannya atau oleh-olehnya

Angkat: Berangkat

Angken (bahasa lemes): Aku. Ngangken: Menerima dan mengaku

Angkeub: mendung

Angkeuh, angkeuhan: Kebanggaan

Angkeut (bahasa lemes): Dagu

Angkir: Panggil/undang

Angkleung, ngangkleung: Hanyut mengapung

Angkrak, ngangkrak: Sangat marah sambil terus berkata-kata

Angles, ngangles: Tidak mengaku

Angluh, ngangluh (bahasa lemes): Tampak tidak gembira karena sakit/masgul/murung

Angob (bahasa lemes): Menguap bila mengantuk

Angon, ngangon: Mengembala

Angot: 1. Lebih-lebih/apabila 2. Payah atau berat (sakit)

Angsar, nyangsar: Terkulai menyentuh tanah seperti ekor kuda

Angseg : desak; Ngangseg: maju

Angsel: ganjal kecil

Angseu (bahasa lemes) ; I. bau; 2. cium

Angsrod, ngangsrodkeun: mengangkat atau menarik ke atas (celana anak dl gendongan dsb)

Kutipan Al-Quran Bahasa Sunda

  sundabogortea.blogspot.com Yeuh manusa! Saéstuna jangji Allah téh hak. Ku kituna poma maranéh ulah katipu ku kahirupan dunya, jeung poma m...