Senin, 08 Juni 2020

BABASAN PARIBASA SUNDA DAN TERJEMAHAN 1-25

Agul ku payung butut

BABASAN PARIBASA SUNDA DAN TERJEMAHAN 1-25


Alus dina biwir wungkul, ngan ukur ngagenahkeun haté nu séjén.
Hanya baik dibibir saja, untuk menyenangkan hati orang lain.

2. Abong biwir teu diwengku (babasan) Sagala dicaritakeun teu jeung jeujeuhan. Segala diceritakan tidak dengan pertimbangan baik-buruknya. 3. Abong biwir teu diwengku, abong létah teu tulangan (babasan) Jelema anu ngomongna sakarep sorangan; ngomong teu reujeung wiwaha. Berbicara seenaknya saja; berkata tidak mempertimbangkan baik-buruknya.
4. Abong létah teu tulangan (babasan) Ngomong sangeunahna kajeun matak teu ngeunah ka batur. Berbicara seenaknya biarpun orang lain sakit hati atas perkataannya. 5. Adab biada (babasan) Babadamian Berembuk; bermusyawarah.
6. Adat kakurung ku iga (paribasa) Adat téh hésé digantina; tabé'at nu hésé dipiceunna atawa dirobahna. Tabiat atau watak yang sulit diubah. 7. Adéan ku kuda beureum (paribasa) Beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakéan batur. Sombong dengan barang pinjaman atau barang milik orang lain; bergaya, bertingkah, atau bersolek dengan barang pinjaman. 8. Adep hidep (babasan) Kumawula ka salaki Berbakti pada suami. 9. Adigung adiguna (babasan) Gedé hulu; boga rasa leuwih ti batur (kaciri dina laku lampahna jeung omonganana) Sombong (nampak dalam tingkah laku dan ucapannya) 10. Agul ku payung butut (paribasa) (1). Ngagulkeun luluhur sorangan; (2). Jalma taya kaboga, tapi mindeng nyaritakeun yén manéhna téh turunan ménak baheula. Terjemahan: (1). Membanggakan leluhurnya sendiri; (2). Orang miskin, tetapi sering menceritakan bahwa ia keturunan bangsawan zaman dulu. 11. Ajrihing gawé (babasan) Sieun ku gawé; kedul Pemalas; tidak mau bekerja 12. Aki-aki tujuh mulud (babasan) Lalaki nu geus kolot pisan Lelaki yang sudah tua renta
13. Aku-aku angga (babasan) (1). Ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda; (2). Ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng kalawan aya pangarahan jeung mamrih kahormatan atawa kauntungan. (1). Mengakui barang milik orang lain dengan maksud ingin memilikinya. (2). Mengaku saudara kepada orang kaya atau yang memiliki jabatan dengan maksud ingin mendapatkan kehormatan atau keuntungan. 14. Aku panggung (babasan) Daréhdéh jeung méré mawéh, ngan hanjakal ku iey aing asa pangpunjulna, pangbeungharna, jst. Baik hati dan dermawan, hanya saja merasa paling unggul, paling kaya, dst. 15. Alak-alak cumampaka (paribasa) (1). Resep jeung hayang dipuji ku batur lantaran boga rasa pangpunjulna;  (2). Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulia, jst. (1). Suka dan ingin dipuji oleh orang lain karena merasa paling unggul;  (2). Meniru atau ingin menyamai orang yang lebih terpandang, kaya, berpendidikan, dst. 16. Alloh tara nanggeuy di bongkokna (paribasa) Alloh moal mihak ka jalma nu boga dosa. Allah tidak akan berpihak pada orang yang berdosa. 17. Along-along bagja (babasan) Teu tulus meunang bagja Urung mendapatkan kebahagiaan. 18. Alus laur hadé omé (babasan) Tegep dedeg pangadegna Tampan dan sembada 19. Ambekna sakulit bawang (babasan) Babari ambek Mudah marah
20. Ambek nyedek tanaga midek (babasan) Ari napsu pohara gedéna, ngan hanjakal teu kaanteur ku tanaga ma'lum geus ropoh. Sangat marah, tetapi tidak mampu melawan. 21. Ambek sadu santa budi (paribasa) Soléh haté jeung lemes budi. Baik hati dan berbudi pekerti. 22. Amis budi (babasan) Alus budi parangi, lamun nyarita mindeng dibarung ku seuri. Ramah; bahasanya santun dan murah senyum. 23. Amis daging (babasan) Gampang katerap kasakit kulit tur hésé cageurna. Mudah terkena penyakit kulit dan sukar sembuh. 24. Anak emas (babasan) Budak atawa kolot nu kacida dipikanyaahna (teu kudu ku indung bapana baé, bisa oge ku dununganana) Anak kecil atau orang dewasa yang sangat disayangi (tidak hanya oleh orang tuanya sendiri, bisa juga oleh atasannya) 25. Anak merak kukuncungan (babasan) Turunan anu hadé laku lampahna, luhur budina, galibna sok hadé deui laku lampahna, luhur deui budina, cara luhurna baé. Keturunan dari orang yang baik perilakunya dan berbudi luhur, biasanya baik pula perilakunya dan juga berbudi luhur seperti leluhurnya.



Lirik Astaghfirullah Robbal Baroya dan Terjemahannya



Astaghfirullah robbal baroya
Astaghfirullah minal khotoya

Astaghfirullah robbal baroya
Astaghfirullah minal khotoya

Robbi zidni i`lman nafia` Wawafiqni a`malan maqbula Wahabli rizqon wasia` Watub a`laina taubatan nasukha (2x) Aku mohon ampun pada Allah tuhan sekalian mahluk Aku mohon ampun pada Allah dari pada segala dosa Ya Allah ya Tuhanku tambahkan lah Ilmu yang bermanfaat kepadaku Dan bimbing aku pada amalan yang diterima Berikanlah aku rizqi yang luas Dan terimalah taubatku taubat Nasukha




Minggu, 31 Mei 2020

3 Qul Pengantar TidurAL IKHLAS, AL FALAQ, AN NAS Arab dan Sunda


3 Qul Pengantar Tidur




Surat ka-112; 4 ayat
Diwahyukeun di Mekkah

Ka Alloh abdi nyalindung 
tina panggodana setan.

Kalayan asma-Na Allah, 
Nu Maha Murah,
Nu Maha Asih.

1. Pok caritakeun (Muhammad):
"Saéstuna Allah Maha Tunggal.
2. Allah pamuntangan (sakumna mahluk). 
3. Anjeunna henteu puputra 
jeung henteu dibabarkeun.
4. Jeung henteu aya hiji ogé anu nyaruaan Anjeunna."
__

Surat ka-113; 5 ayat
Diwahyukeun di Mekkah

Kalayan asma-Na Allah, 
Nu Maha Murah,
Nu Maha Asih.

1. Pok caritakeun (Muhammad):
"Kaula nyalindung ka Pangéran nu murbéng balébat subuh.
2. Tina kajahatan saniskara anu geus diyugakeun.
3. Jeung tina kajahatan peuting dina mangsa poék mongkléng.
4. Jeung tina kajahatan tukang niupan cangreud-cangreud (tukang tenung)
5. Jeung tina kajahatan nu hasud nalika hasudna."
__

Surat ka-114; 6 ayat
Diwahyukeun di Mekkah

Kalayan asma-Na Allah, 
Nu Maha Murah,
Nu Maha Asih.

1. Pok caritakeun (Muhammad):
"Kaula neda tulung nyalindung ka Pangéran nu ngaraksa-ngariksa manusa.
2. Rajana sakabéh manusa.
3. Pangéranna sakabéh manusa.
4. Tina kajahatan nu ngaharéwos, nu ngadodoho.
5. Anu ngaharéwos dina haté manusa.
6. Ti bangsa jin jeung manusa."
__

Jumat, 22 Mei 2020

PUPUJIAN NADOMAN SUNDA - ELING ELING DULUR KABEH




ELING ELING DULUR KABEH
IBADAH ULAH CAMPOLEH
BEURANG PEUTING ULAH WELÉH
BISINA KABURU PAEH

SABAB URANG BAKAL MATI
NYAWA DIPUNDUT KU GUSTI
MATAK KUDU ATI-ATI
KANA IBADAH SING GUMATI

HORENG MAOT NGADODOHO
BORO SOK DIPOHO-POHO
DATANGNA TEU MERE NYAHO
NGADADAK TEU AYA TEMPO

TAYA BEURANG TAYA PEUTING
TAYA RAJA TAYA KURING
DIMANA AJAL GEUS SUMPING
TEU MEUNANG TEMPO ANAKING


--------------------------------------------------------------

Kamis, 21 Mei 2020

Nadom Bahasa Sunda Detik Detik Wafatnya Rosulullah SAW Part 3




Nadom Bahasa Sunda Detik Detik Wafatnya Rosulullah Muhammad SAW Part 3
Duka itu menyelimuti umat Islam di Madinah pada Senin 12 Rabiul Awwal tahun 11 Hijriyah atau 8 Juni 632 Masehi, kurang lebih 1.387 tahun yang lalu.

Tonton Juga Part 1 & 2




Kutipan Al-Quran Bahasa Sunda

  sundabogortea.blogspot.com Yeuh manusa! Saéstuna jangji Allah téh hak. Ku kituna poma maranéh ulah katipu ku kahirupan dunya, jeung poma m...